Category Archives: BABAD PANJALU

BABAD PANJALU


 

PUPUH I
ASMARANDANA

  1. //Kasmaran panganggitgending / Basa Sunda lumayanan / Kasar sakalangkung awon / Kirang tindak tatakrama /Ngarang kirang panalar / Ngan bawining tina maksud / Medarkeun pusaka rama//
  2. //Rama jumeneng bupati / Di Panjalu nagarana / Lamina jeneng bupatos / Ngan dua puluh dalapan / Tahun nyepeng Bupatya / Dugi sewu dlapan ratus / Salapan welas punjulna//
  3. //Kenging putusan bisluit / Ti Kangjeng Baginda Raja / Kenging ganjaran bupatos / Eta nugrahan pasihan /Pansiun kahurmatan / Rapi harta jalma tugur / Sanesna dipasih sawah//
  4. //Lami nyepengna pangasih / Rupi harta sareng sawah /Ditambah salawe pancen / Dina kalam midanna /Nyepeng kapansiunan / Tilu puluh tilu tahun / Dumugi wapatna pisan /
  5. //Tadi keur jumeneng v/eling / Miwejang medar piwulang /Lampah sae sareng awon / Tulad lampah kahadean / Nu goreng clisingkahan/ Poma-poma masing tuhu / Regepkeun piwejang rama//
  6. //Reujeung ieu Ama titip / Ku ujang kudu tampanan / Anggep simpen masing hade / Hiji buku bab pusaka /Tina awal mulana /Awitnu ngadamel situ / Lengkong buktina gumelar//
  7. //Ujang poma sing nastiti / Paham ingat salawasna / Sabab ama enggeus kolot /Malar nular caritana / Tah ujang ieu tampa / Ditampi jeung sembah sujud / Pasihan wewekas rama//
  8. //Teu lami waktuna deui / Tina antara wuwulang / Antawis satahun yaktos / Rama ngangluh lajeng wapat / Mulih kakalanggengan / Sigeg teu panjang dicatur / Walastra ka rahmattulah//
  9. //Putra nu katilar tadi / Harita masih jajaka / Ditilar langkung prihatos / Taya pisan pangabisa / Henteu pisan sakolah / Nya ieu nu ujud nangtung / Gelar pun Prajadinata//
  10. //Watek titis tulis diri / Ngan berkahna para cacah / Gede leutik mangkon gawe / Kasebat jadi kapala / Di sawewengkon desa / Meunang pangkat jadi kuwu / Di Mawarah nu gumelar//
  11. //Sih pangaksa nu ningali / Kana ieu seseratan /Nuwun pangampunten bae / Sewu laksa nuwun maap / Pon anu dicarita / Sewu nuwun sih samalum / Samudaya kalepatan//
  12. //Reh simkuring kumaconggih / Nyarioskeun nu baheula / Ari anu dicarios / Manawi wetuk dangdingna / Nu kasebat pusaka / Tah gelar babad Panjalu / Manawi leres dangdingna//
  13. //Ari anu jadi kawit / Sangyang Prabu Boros Ngora / Mangkon Panjalu karaton / Ngalajengkeun ti ramana / Estu tanah pusaka / Kasebat dayeuh Panjalu / Nelah durnugi ayeuna//
  14. //Tidinya ngabangun deui / Damel situ gede pisan / Anu dingaranan Lengkong / Dikinten eta legana / Satus pat puluh bata / Etangan nu enggeus tangtu / Sakitu anu gumelar//
  15. //Sareng aya hiji deui / Dina tengah situ eta / Nusa basa jawa pulo / Nu didamel padaleman / Lir kuta saputerna / Situ ngawengku kadatun / Mungal waas nu ningalan//
  16. //Pinggir cai bumi mantri / Kaler kidul kulon wetan / Beres parele sakabeh / Katampi ku paimahan / para abdi sadaya / Katingalna surup payus / Tur masih anyar babakan//
  17. //Eukeur musim sarwa jadi / Pepelakan rupa-rupa / Kadu manggu jeruk paseh / Dukuh pisitan rambutan / Jeruk bali jeung kalar / Jeruk manis mipis purut / Kadongdong jeung gandaria//
  18. //Sanesna henteu kawincik / Sigeg enggalkeun carita / Nagri anyar langen maher / Lawang kawitan ukiran / Sarta taya nu jaga / Gulang-gulang jadi pamuk / Nami pun Otek’ geus nelah//
  19. Unggal poe unggal peuting / tara ingkah tina tempat / Henteu lian deui gawe / Marek sila bari jaga / Ngajaga bab drigama / Adat luang na karuhun / Taki faberi lampahna//
  20. //Lawang nu kadua deui / Santosa sarta prayoga / Tungtung pintu ngujur ngulon / Sasak gede sarta panjang / Santosa dijarambah / Nu katelah Cukang Padung / Nelah dungkap ka ayeuna//
  21. //Rea abdi balawiri / Wantuning nagara anyar / Beurat beunghar jeung kamukten / Senang taya kakirangan / Sakarsa diluluran / Saniskanten nu dimaksad / Laksana sakarsa harsa//
  22. //Kocapna sang Prabu deui / Geus kagungan dua putra / Putra prakosa karasep / Rupi gilig jeung prakasa / Pameget duanana / Raka rai runtut rukun / Sami dedeg pangadegna//
  23. //Siang damelna pelesir / Raka rai sasarengan / Ngaheurap di situ Lengkong / Ngubeng muter pinggir nusa / Ari nu ditunggangan / Teu sanes sampan parahu / Bukti dungkap ka ayeuna//
  24. //Raina dikocap deui / Gagah sami jeung rakana / Sapertos nu kembar bae / Kuring menak kasamaran / Ningal sami dedegna / Salira sami tur jangkung / Henteu aya papadana//
  25. //Nami putra nomor hiji / Raden Arya Kuning nelah / Nomor dua kacarios / Rai nu burey namina / Raden Arya Kancana / Namina enggeus kamashur / Dua putra kacarita//
  26. //Adat perlampahna rai / Tara kersa pelesiran / Jeung raka papisah bae / Kabogohna pepelakan / Di sajroning nagara / Bubuahan cukul mulus / Bray siang ngan pepelakan//
  27. //Malah satempatna deui / Ngadamel sahiji nusa / Nu katelah Nusa Pakel / Paragi ameng amengan / Saban siang di dinya / Melak buahna diatur / Diajar sarta dikenca//
  28. //Melak mangpelem kaweni / Buah bidang buah bapang / Buah cengkir buah gedong / Salianna teu diserat / Tinangtu kalah papan / Galur catur nu ditutur / Tempat ieu pakebonan//
  29. //Mashur nelah ka kiwari / Kacatur pragi amengan / Nu nyarebat Nusa Pakel / Cantikning anu baheula / Asal melak bubuahan / Tumurun kaputra putu / Kitu awal pusakana//
  30. //Sigeg nu dicatur deui / Tempat bumi kapatihan / Pernah kulon dina jontor / Di payun aya paseban / Tempat anu seseban / Ujung winangun geus tangtu / Bareng tatamu nu dungkap//
  31. //Direnggi dipancak suri / Dipapaes kaanehan / Wantuning dina patamon / Cantik pinter papalihna / Biraksana laksana / Salir padamelan putus / Unjuk damel saprag’anana//
  32. //Sang Prabu nampi beresih / Sadayana padamelan / Teu aya anu dicale / Budi niskara ka manah / Nunjuk ringkat pinterna / Kasmahur patih Panjalu / Dumugi sewu putuna//
  33. //Karang palataran resik / Wiar wera titingalan / Henteu meunang pisan kotor / Nu teu nurut dihukuman / Adat lumbrah baheula / Hukumna berok belenggu / Ditempatkeun di paseban//
  34. //Sinigeg dikocap deui / Prabu Sangyang Boros Ngora / Aya manah karsa lereh / Pasrah damel kaputrana / Putra nu pangcikalna / Kempel rerempug jeung sepuh / Sarta raden patih pisan//
  35. //Prabu Sangiyang ngalahir / Ka sepuh jeung ka patihna / Menta karempugan maneh / Niat seseren ka anak / Muga pada rempugan / Sakabeh urang Panjalu / Tah sakitu nya pamenta//
  36. //Ti dinya lami badami / Patih serta praponggawa / Ku sadaya geus kahartos / Reh urang aya pariksa / Kitu ratu kersana / Kumaha ayeuna batur / Sadaya kudu unjukan//
  37. //Unjukan sadaya abdi / Ngiringan sadaya karsa / Teu aya hiji nu menggok / Mangga ngiring karsa raja / Teu sanes rek ngaula / Siang wengi rek dijungjung / Ngaula setya kang putra//
  38. //Sang Prabu ngalahir deui / Ka patih para ponggawa / Na ha enggeus rampug kabeh / Patih pra sepah unjukan / Nuwun dawuh paduka / Sareng sewu sembah sujud / Dumeh rek karsa paduka//
  39. //Sang Prabu ngalahir manis / Ka sadaya para sepah / Muji sukur ka maraneh / Kadar aing kalaksananan / Trima dunya aherat / Muji sukur ka Yang Agung / Ka Gusti nu sipat rahman//
  40. //Harita keneh ngalahir / Ka patih lajeng nimbalan / Isuk dina poe Senen / Sakabeh kudu timbulan / Abdi pra mantri kabeh / Masing-masing pada kumpul / Isukna urang ngistrenan//
  41. //Papakean masing resik / Salianna pahurmatan / Sadiakeun masing rame / Ulah aya kakurangan / Atur nu tumpak kuda / Lampit jampana jeung tandu / Sarta kasinomanana//
  42. //Ari prabot anu aing / Sadia di padaleuman / Kumpulkeun bae di jero / Bareng jeung aing kaluar / Sarta jeung pangantenna / Isuk Senen pukul tujuh / Sadiakeun di tempatna//
  43. //Patih nyembah geus jung indit /Angkat gasik gagancangan / Nganggo payung seret hejo / Dijalan bari titimbal / Ngatur para ponggawa / Ka dieu batur karumpul / Tua anom didawuhan//

PUPUH II
S I N O M

  1. //Isukna enggeus sadia / Ponggawa jeung para mantri / Saperti nu rek elaran / Upacarana marapit / Ngaderes kuring leutik / Kamantren parentul hurung / Sadia pikeun mapag / Tatamu enggeus rapih / Kantun ngantos jengkarna ti padaleman//
  2. //Ti dinya Den Patih mangkat / Diiring ku para mantri / Pra ponggawa sadayana / Bareng abdi-abdi leutik / Tatabeuhan dicangking / Salendro renteng jeung degung / Tarebang tarawangsa / Kekeprak calung kacapi / Warna rupa karinding sarta sulingna//
  3. //Genta bareng kelenengan / Kolotok koprak teu kari / Bawaning ku kasukaan / Saboga-boga dijinjing / Bawaning suka ati / Nu surak kocap ngaguruh / Sapolah-polah jalma / Jojogedan ragag-rigig / Warna rupa aya anu bobodoran//
  4. //Kocap Raja putra jengkar / Putra panganten nu ngiring / Bareng pra istri sadaya / Sepuh kulawarga ngiring / Teu aya anu kari / Jaba nuturkeun kadaton / Ear rame nu surak / Melas-melis sora suling / Narawangan calung rebab tarawangsa//
  5. //Raja nunggangan jampana / Para istri dina joli / Dihapit para ponggawa / Para mantri ti pandeuri / Upacara ngabaris / Di pungkur sarta di payun / Den patih tunggang kuda / Tiheula bade sayagi / Nyayagian Sang Prabu bade ngistrenan//
  6. //Rawuh teu antara lila / Ka kapatihan geus sumping / Rama putra geus lalenggah / Garwa sareng para istri / Kapatihan heurin usik / Ngagimbung nu ngiring ratu / Ear nu susurakan / Ngageder asa ka indit / Patih nyaur he batur eureunan heula//
  7. //Jempe repeh sadayana / Geus teu bisa usik malik / Saperti gaang katincak / Tina sakalangkung ajrih / Ngantos pidawuh gusti / Nyelang Raden Patih nyaur / Ka para ponggawana / Ka abdi jeung paramantri / Saprantosna poma ulah rek rarobih//
  8. //Prabu Sangyang Boros Ngora / Ngadawuh ka Raden Patih / Sareng ka abdi sadaya / Geus henteu diwiji wiji / Kami rek menta saksi / Masrahkeun lungguh tumenggung / Ka ieu anak cikal / Nya Raden Aria Kuning / Banda-banda sarawuh jeung nagarana//
  9. //Sarta nitipkeun jenengna / Kumaula sing gumati / Diturut saparantehna / Poma ulah gindi pikir / Ulah silung nya ati / Ngaula sing hade laku / Saregep kumaula / Ngaulaan anak aing / Henteu panjang regepkeun eta papatah//
  10. //Cung nyembah abdi sadaya / Katampi pangasih gusti / Miwejang abdi sadaya / Ku Abdi prantos ka budi / Tadi kadawuh gusti / Rewu laksa abdi nuwun / Geus moal aya nu mungpang / ngaulakeun putra gusti / Raden Arya Kuning nu mangkon karajan//
  11. //Ger surak bareng tabeuhan / Patamon asa kaindit / Warna rupa polah jalma / Nu ngabodor ragagrigig / Rea nu selang-seling / Katalanjur sampe lanjung / Hawa soara jalma / Nyeri hulu torek ceuli / Geus cep surak reungeukeun miwulang putra//
  12. //Sang Prabu hibat ka putra / Ratu Anom Arya Kuning / Ama pasrah saayana / Rupa barang eusi bumi / Rupa emas jeung duit / Kaayaan di Panjalu / Jeung ieu barang pusaka / Anggep simpen ati-ati / Tah rupana ku Eneng geura tampanan//
  13. //Hiji rupa ieu pedang / Kadua rupana encit / Katilu eta rupana / Loceng anu semu leutik / Simpen masing gumati / Keur pusaka anak incu / Jeung rupa kuluk raksukan / Ditempatkeun di nu resik / Tempatna misah ti sejen barang urang//
  14. //Tutas tigas hibat rama / Pusaka prantos ditampi / Cung nyembah lajengmunjungan / Lenggah mando sarta taklim / Digentos ku Den Patih / Pra ponggawa para sepuh / Sami pada marunjungan / Abdi leutik kitu deui / Basana teh nuhunkeun hibar pandunga//
  15. //Sinigeg lajeng bubaran / Ti kapatihan marulih / Satempatna sabumina / Salesih taya nu kari / Raden Aria Kuning / Rama putra di kadatun / Lenggah di padaleman / Anu eukeur jeneng waii / Waktu eta rama kang putra ngandika//
  16. //Sakalian ama wekas / Popoyan pamit rek ngalih / Ngajugjug ka dayeuh Jampang / Rempug teu rempug geus pasti / Niat di poe Kemis / Pamenta ama sakitu / Putra teu prak ngawalonan / Ajrih tumpeg ngelas ati / Tina hawrah ngawangru pisah jeung rama//
  17. //Dalah moal dikumaha / Eta geus dihin pinasti / Raga badan tampa polah / Titis tulis enggeus pasti / Nya ayeuna pinanggih / Kadar karsana Yang Agung / Rama patinggal jeung putra / Hanteu panjang dipimanah / Enggal bae nyaur patih//
  18. //Enggeus dongkap kapayunan / Den Arya Kuning ngalahir / Heh kieu Paman Patih / Numawi enggal disaur / Reh aya karsa rama / Ngadawuh bade rek ngalih / Poe Kemis kitu pitungkasna rama// (Kurang dua pada).
  19. //Pindah panggenan ka Jampang / Bareng enggeus Raden Patih / Lajeng pitaros ka putra / Naha margina teh Gusti / Den Arya walon deui / Margi lantaran teu maphum / Sinigeg nu ka kocap / Isuk dina poe Kemis / Pra ponggawa para mantri sing sadia//
  20. //Sadaya teu langkung paman / Raracik nu ngiring ngalih / Ulah aya kakirangan / Gancangkeun masingna rapih / Den Patih hatur talim / Tigas dawuh bade mundur / Den Arya ngaidinan / Cung nyembah Den Patih indit / Gudag-gidig mulih lajeng ka paseban//
  21. //Sadungkap lajeng titimbal / Ka priyayi jalma kemit / Maneh kemit kudu leumpang / Ngumpulkeun ponggawa mantri / Jalma kemit arindit / Burubul anu disaur / Geus hempak di paseban / Lajeng Den Patih weweling / He numantak diogan aya dawuhan//
  22. //Tah kieu dawuhanana / Rungu ku sakabeh mantri / Aya karsana ramana / Poe isuk bade ngalih / Dawuhna Sri Bupati / Sakabeh kudu rigurung / Ngaderek ka Sangiyang / Anggon-anggon sing raresik / Sarta bawa tandu jali gerebongna//
  23. //Caturkeun bae isukna / Sadaya enggeus tarapti / Kuda jalma jeung gotongan / Sarta jeung ponggawa mantri / Di kapatihan ngabaris / Kantun ngantosan Sang Prabu / Den Patih lajeng angkat / Ka padaleman geus sumping / Lajeng munjuh kantun ngantosan kakersa//
  24. //Sukur ari geus sadia / Tarapti nu baris ngiring / Putra mo bisa ngiringan / Wakil bae Paman Patih / Bareng ponggawa mantri / Ulah aya anu kantun / Lajeng putra unjukan / Karama nu badengalih / Unjuk sembah kulanun prantos sadia//
  25. //Putra nu bade dicandak / Raina Aria Kuning / Rahaden Arya Kancana / Langkung binangkit berbudi / Panganggo ahli tani / Tegesna nu dipicatur / Aturan pepelakan / Damelna ngawincik-wincik / Warna rupa siki petetan dipelak//
  26. //Sigeg kocap nu rek angkat / Putra sujud bari nangis / Ngawawaas nu rek angkat / Raka rai kitu deui / Duh adi kuma teuing / Akang kantun di Panjalu / Geunggang nyorangan pisan / Gan pamuga muga rai / Sambung dunga rai papisah jeung kakang//
  27. //Prabu sangiyang bral jengkar / Lajeng nitih kana joli / Salianna nu badarat / Tandu gerebong ku istri / Di jalan heurin usik / Pacampuh gotongan tandu / Ear soara kuda / Nu nitih ponggawa mantri / Abdi-abdi upacara nu badarat//
  28. //Henteu kocap di jalanna / Catur cunduk enggeus sumping / Ka Jampang anu diseja / Kaget awewe lalaki / Urang Jampang geus singkil / Ngurus pakepruk keur nyuguh / Semah hempak ngajajar / Di Jampang geus heurin usik / Silih taros semah bareng pamajikan//
  29. //Geus tugenah anu pindah / Catur nu ngiring rek balik / Tina enggeus kalamian / Raden Patih lajeng pamit / Dumeuheus sembah talim / Nun abdi bade piunjuk / Manawi kawidian / Abdi nyuwun idin balik / Sarawuhna piunjuk abdi sadaya//
  30. //Sangiyang lajeng ngandika / He kabeh para ponggawi / Geus kateda katarima / Lahir batin moal lali / Pangaulaan tadi / tegas mantep tutug ngestu / Gan muga saterusna / Ngaulakeun anak kami / Poma-poma lampah masing ariyatna//
  31. //Sangiyang geus kawidian / Hade maneh geura balik / Tidinya lajeng munjungan / Sami paca amit balik / Kabeh ponggawa mantri / Bubar teu aya nu kantun / Teu kocap di jalanna / Caturkeun bae geus sumping / Lajeng bae unjukeun dawuhan rama//
  32. //Teu aya anu kaliwat / Dawuhan ramana tadi / Parantos Patih unjukan / Pamit rek mulih ka bumi / Kitu deui pra mantri / Sadaya sami malundur / Saimah satempatna / Sinigeg geus masing-masing / Sanes pasal catur nu keur suka manah//
  33. //Raden Arya Kuning kocap / Keur jeneng nya sugih mukti / Beurat beunghar rea barang / Rea kuda sapi munding / Sairing karsa jadi / Jeung mantri ponggawa rukun / Taya hiji nu mungpang / Adil tara pilih kasih / Humanggapira teu pisan dibeda-beda//

PUPUH III
K I N A N T I

  1. //Galur catur cara pantun / Cik tunda balikeun deui / Malar rambat caritana / Pinuju keur sugih mukti / Beurat beunghar suka manah / Abdi-abdi senang ati//
  2. //Nyaeta Dalem Panjalu / Keur ngaraos raos galih / Lajeng bae miwarangan / Hiji Mantri nyaur Patih / Utusan enggeus bral mangka / Ka kapatihan geus nepi//
  3. //Teu lila Den Patih jebul / Sarta kairing ku mantri / Lajeng bae ngadeuheusan /Nyembah hurmat sarta talim /Kieu nu matak diogan / Putra rek aya badami//
  4. //Mang Patih manawa rempug / Abdi sarta para mantri / Kumahalamun miwarang / Ka rama nyuhunkeun idin / Rek ngutus sahiji jalma / Ka Jampang ki Budi sakti//
  5. //Maksud hayang bedah situ / Teu wani samemeh idin / Den Patih cengkat unjukan / Ulah panjang dipigalih / Rempag ngiring ka dawuhan /Sakumaha karsa Gusti//
  6. //Enggal bae lajeng nyaur / Ka ngaran ki Budi sakti / Gancang maneh geura leumpang / Karama nyuwun paidin / Kitu maneh nya unjukan / Nuwun putusan nu pasti//
  7. //Utusan harita geus jung / Leumpang gancang gusak-gasik / Teu kacatur di jalanna / Ka Jampang catur geus nepi / Kasondong Sang Prabu lenggah / Dideuheusan abdi-abdi//
  8. Ngareret ningal ka pungkur / Aya Kai Buni Sakti / Kagetna nanyakeun beja / Dina sajero panggalih / Lajeng Sang Prabu mariksa / Ka Kiai Buni Sakti//
  9. //Maneh teh ngemban piutus / Atawa karep pribadi / Cung nyembah bareng unjukan / Nun sumuhan dawuh Gusti / Sayaktos ngemban timbalan / Diutus ku putra Gusti//
  10. //Saprakawis kapiunjuk / Salam sembah Putra Gusti / Dua nuju kasugengan / Berkahna pangestu Gusti / Putra putu sadayana / Titip sembah pangabakti//
  11. //Prakawis anu katilu / Panuhunan Putra Gusti / Sanget mugi karilahan / Upami bae teu idin / Paduka dilungsur lenggah / Ka Panjalu kedah linggih//
  12. //Palay kersa bedah situ / Sareng rempag para abdi / Sakitu piunjuk putra / Dijereh beres salesih / Teu aya anu kaliwat / Sacatur Ki Buni Sakti//
  13. //Ku Sang Prabu kapirungu / Sapiunjukna Kiai / Henteu panjang dipimanah / Lajeng nyaur Sri Bupati / Eh Buni Sakti ayeuna / Bedah situ kami idin//
  14. //Prakara kami dilungsur / Ka Panjalu moal indit / Kajaba ieu nitahan / Ka Arya Kancana wakil / Tutas dawuhna Sangiyang / Ka Kiai Buni Sakti//
  15. //Amit matur bade mundur / Nuwun idin pangkon Gusti / Ayeuna abdi rek mangkat / Sangiyang ngalahir deui / Sukur bral mangkat tiheula / Popoyan rai pandeuri//
  16. //Leumpang gancang gira-giru / Keupat bari gadag-gidig / Dijalanna teu dikocap / Kocapkeun bae geus nepi / Ngemban putusan ramana / Ka Kiai Buni Sakti//
  17. //Ka Panjalu enggeus cunduk / Lajeng dumeuheus ka Gusti / Kasondong eukeur seseban / Bareng jeung para ponggawi / Keur misaur anu leumpang / Nya eta Ki Buni Sakti//
  18. //Geus kitu Kiai jebul / Kapayunan Sri Bupati / Sang Prabu lajeng mariksa / Mana lila-lila teuing / Ku kula didago pisan / Kuma dawuh rama aki//
  19. //Aki cung nyembah piunjuk / Prakawis situ geus idin / Kadua rama teu yasa / Kajawi wakil ka rai / Ka raden Arya Kancana / Teu sareng masih pandeuri//
  20. //Wewekas anu katilu / Geus henteu diwiri-wiri / Kasakabeh kula warga / Sarta para abdi leutik / Kajaba gan sih pandunga / Lahir tumeka ing batin//
  21. //Tina geus kaburu waktu / Ngantos rai tacan sumping / Situ Lengkong lajeng bedah / Lilana geus tilu peuting / Rame cekcok jalma lintar / Awewe lalaki nyair//
  22. //Kerad bubu sarta susug / Pakakas parabotjalmi / Nya kitu deui laukna / Rea sarta teu kawincik / Nilem corengcang jeung kancra / Betok hampai gede leutik//
  23. //Rea warna rupa lauk / Boncel lele rea sami / Gurame kulinyar rea / Tawes beureum panon deui / Teu kaserat sadayana / Sigeg nu keur resmi galih//
  24. //Raden Arya Kuning emut / Kaomong Ki Buni Sakti / Rai teu diantos heula / Ieu aing kuma teuing / Tangtu Rai sakit manah / Euh aki papageun deui//
  25. //Tunda catur anu nyusul / Sigeg lampah Buni Sakti / Ngocapkeun deui di Jampang / Ngempelkeun ponggawa abdi / Nu baris ngaderek putra / Ka Panjalu jadi wakil //
  26. //Den Arya lajeng disaur / Lajeng nimbalan sakali / Ayeuna teh kudu leumpang / Minangka jadi wawakil / Gancang ayeuna sadia / Bareng sakabeh pangiring//
  27. //Jeung poma Eneng diditu / Raka rai mangka rapih / Ulah rek nyieun kacuwa / Pikacuwa dinu leutik / Sakitu weweling Ama / Diregepkeun beurang peuting//
  28. //Raden Arya lajeng munjung / Pamitan bade rek indit / Rea nyandak wadya bala / Bareng dua senapati / Jenenganana pun Kojal / Kodal kaduana deui//
  29. //Harita angkatna geus jung / Ngeungkeuy ngaleut anu ngiring / Henteu kocap dijalanna / Cunduk catur enggeus sumping / Kana tempat patanahan / Tata eukeur baris linggih//
  30. //Pakeprukan nyieun saung / Pasanggrahan geus tarapti / Ngaguruh soara jalma / Cekcok jalma kuring leutik / Kocap rame ku soara / Mana nelah ka kiwari//
  31. //Sindang Rame geus kamashur / asal purwa eta tadi / Keur jaman Arya Kancana / Nalikana angkat mampir / Lebah dinya raramean / Rame sora abdi-abdi//
  32. //Sinigegkeun nu ngarungrung / Nu masanggrahan di pasir / Nyaritakeun anu mapag / Utusan Ariya Kuning / Di jalan enggeus patepang / Dina pasanggrahan tadi//
  33. //Enggalna Kiai matru / Kanu sami eukeur linggih / Nu lenggah di pasanggrahan / Hatur pangampunten Gusti / Diutus ku tuang raka / Aria Kuning Bupati//
  34. //Enggal dilungsur ka situ /Raka ngantosan di hilir / Sumangga ayeuna angkat / Sasarengan jeung pun aki / Kojal Kodal geus sadia / Abdi-abdi sami ngiring//
  35. //Tipasanggrahan enggeus jung / Angkat nerus pinggir cai / Di jalan teu sumpang-simpang / Kajawi ningal nu nyair / Ningal polah popohoan / Nu kagungan teu dihiding//
  36. //Geus henteu beunang diharu / Kaus rusuh kuring-kuring / Tina ningal lauk rea / Lepat ka isin ka risi / Rea jalma ditarajang / Teu eling bawaning nyair//
  37. Patubruk parebut lauk / Rea nu muntel ka samping / Lantaran nu ditarajang / Lain lantaran teu eling / Leungit ka era wiwirang / Jalanan parebut milik//
  38. //Cig tunda deui picatur / Lampah Den Aria tadi / Nu rek nepangan rakana / Cunduk sumping tebeh hilir / Tempat palinggihan raka / Nya Raden Aria Kuning//
  39. //Sempal sakedap picatur / Adat lumbrah enggeus galib / Geus biasa kuring menak / Mun kadarat tangtu tiris / Kaleresan Den Aria / Hanjat sabab tina tiris//
  40. //Lungsur maju kana saung / Ngaraos salira tiris / Senang manahna sideang / Dua panangan dibingbing / Jeung dua deku sampean / Sapertos tangan dibingbing//
  41. //Sigeg Den Arya dicatur / Sareng Kai Buni Sakti / Badami heula sakedap / P*e rkara eta nu ngiring//
  42. //Jurung titah bae mundur / Kapasanggrahan nu tadi / Kana ngadago di dinya / Cumahnya lajengna ngiring / Bedah situ enggeus lawas / Gan mo hade teu pinanggih//
  43. //Nu ngaderek geus warangsul / Ditimbalan wangsul deui / Di Sindang rame ngantosan / Ngadago timbalan kami / Upama aya pangogan / Mangka gancang buru kami//
  44. //Den Arya lampahna laju / Tilu jalma anu ngiring / Ki Kojal jeung Aki Kodal / Katilu Ki Buni Sakti / Rawuh ti pungkureunana / Ku rakana teu ditilik//
  45. //Jongjong madep kana hawu / Surti wadi teu digalih / Salah nyana teu dimanah / Tebaring nu lantip budi / Pikeun maju anggur gejat / Mungkur kantun Buni Sakti//

PUPUH IV
P A N G K U R

  1. //Ngojengkang ngetak manahna / Kutan kitu kakang Aria Kuning (* Kurang dua padalisan) / Boro jauh ge dijugjug / Anggang ti Jampang datang / Ngemban mangkon jadi sulur Rama Prabu / Nyana bakal dipiwarang / Ahir bet teu sudi teuing//
  2. //Sidakep sinuku tunggal / Den Aria salirana ngagidir / Napsu kaduhung teu lipur / Duh kacida da badan / Lajeng luncat ti sisi situ ti kidul / Ngular ngawahan Ciluncat / Nelah datang ka kiwari //
  3. //Raka den Arya Kancana / Lajeng angkat ti Ciluncat ka hilir / Anu eukeur pundung nguwung / Bol lenggah mamanahan / Anu mantak ayeuna mashur kasebut / Pecat Obol ngaran tanah / Nelah dungkap ka kiwari//
  4. //Lenggah barina ngamanah / Reujeung dua panakawan nu ngiring / Kojal Kodal henteu kantun / Duh aki kuma urang / Piiampaheun urang mana nu dimaksud / Uranglampah diwiwirang / Ku aki meureun kapikir//
  5. //Tadi lampahna siloka / Dihartian ku kami jero pikir / Meberkeun ramo sapuluh / Kieu aki surtina / Henteu lian sarua ramo sapuluh / Harti urangkudu boga / Ngidasa milik pribadi//
  6. //Hatur aki langkung karsa / Panuhun mah ulah lajeng panggalih / Pundung nguwung kanu sepuh / Teu sae balukarna / Kitu deui matak ulah jadi bendu / Gamparan langkung waspada / Kuma karsa rek diiring//
  7. //Teu diangep panghulakna /Maksa bae angkat maju ka hilir / Geus cunduk ka nu diuntup / Leresan situ anyar / Tuluy ngadeg dina junggrang jero nyaan / Ka eta Kojal jeung Kodal / Ieuh kieu karep kami//
  8. //Leu situ anu bedah / Urang saeur ku taneuh (tina pasir) / Tapi maneh teh narangtung / Ki Kojal nu ti girang / Ari Kodal ti hilir jadi kurucuk / Kami rek leumpang sorangan / Ngeduk taneuh tina pasir//
  9. //Den Aria nanjak angkat / Rek ngurugkeun taneuh nu dina pasir / Lajeng pencut teh dikeduk / Ku tangan duanana / Geus paragat sabedug gupitan pinuh / Kocap nu keur rame pisan / Cai geus cunduk hilir//
  10. //Gehger ribut nu digirang / Nu gebrugan jalma hanjat nyalingkir / Gaeun sabab mantak sundul / Sang Prabu teh midarsa / Tina sabab jalma karanjah paribut / Keur nyaur teh katingal / Tipungkur Ki Buni Sakti//
  11. //Tacan kaburu mariksa / Tadi Aki leumpang mapagkeun rai / Kaburu kasusul situ / Lajengna dipiwarang / Aki gancang walang siar aya urug / Tangtu pangbedahan rempag / Jung pariksamangka sidik//
  12. //Cedok nyembah Aki mangkat / Gusak gasik nyuksruk cai ka hilir / Rusuh bari manggul ruyung / Panugar keur pakakas / Henteu nyana kajaba tambakan urug / Catur cunduk ka tambakan / Kasondong Den Arya linggih//
  13. //Aki utusan teu tata / Datang seblak peuntas diburak-barik / Ku Den Aria diburu / Mangke Aki heulaan / Tonggoy tungkul ku Aki henteu karungu / Ituh Kojal Kodal taram / Ulah diganggu ku Aki//
  14. //Cengkat barina rumenghap / Rumanggosan ngadeuheus langkung ajrih / Mando tungkul bari sujud / Den Arya seg ngandika / Karep saha atawa Aki diutus / Pendetan kami diruksak / Hunjuk hatur Buni Sakti//
  15. //Abdi gan damel lumampah / Ngalampahkeun timbalan raka Gusti / Sarek situ ngembeng nyundul / Numawi kumawasa / Cilakadar pun Aki yaktos diutus / Eta mah sadaya daya / Pun Aki sumeja ngiring//
  16. //Gancang bae Aki mulang / Seg haturkeun ka raka Arya Kuning / Menggah anu nambak situ / Nya kaula rupana / Anu ngaran Arya Kancana geus mashur / Nadah sakumaha karsa / Beurang peuting sanggeum ngiring//
  17. //Ngayon tanaga sumangga / Rek ngayonan sanajan perang tanding / Aki kami moal mundur / Kitu pamenta kula / Gancang bae ayeuna mah geura mundur / Teu dicatur di jalanna / Kocap Aki enggeus nepi//
  18. //Kapayunan Sri Bupatya / Lajeng matur Kiai Buni Sakti / Sewu nu jadi bebendu / Laksa jadi dumuga / Menggah lampah tadi pun Aki diutus / mariksa halang harungan / Prantos dipariksa sidik//
  19. //Sang Prabu kaget mariksa / Coba trangkeun naon sababna aki / Nu matak situ ngabendung / Aki nyembah unjukan / Nun sumuhun mugi ulah jadi bendu / Ulah panjang dipimanah / Rai paduka nu jahil//
  20. //Margi kasondong jinisna / Den Aria Kancana eukeur linggih / Dina pencut patutungku / Sareng dua kawanna / Kojal Kodal nu ngaderek henteu kantun / Abdi leresan pendetan / Kojal Kodal nyaur abdi//
  21. //Abdi teu tiasa maksa / Nugar notas dihalangan ku rai / Sesemon bendu kalangkung / Samalah pitungkasna / Dadas catas ulah-ulah ngajak gelut / Nangtang perang ka gamparan / Susumbar ka pangkon Gusti//
  22. //Rep geuneuk pameunteu raka / Ngadangukeun hatur ki Buni Sakti / Salira ngageter biru / Jawab bari sosoak / Geus pinasti titis peperang jeung dulur / Ieu poe ngabungsuan / Nungtung undur perang tanding//

PUPUH V
D U R M A

  1. //Den Aria tambah ngetab mamanahan / Bendu jeung maras miris / Bet ieu balukarna / Hayu bae marulang / Nu di darat nu di cai / Pon anu anggang / Ulah aya nu kari//
  2. //Den Aria jengkar tina pamundayan / Ngungsi mulih ka negri / Henteu kocap di jalan / Catur bae dungkapna / Katepis wiring geus sumping / Sang Prabu nitah / Nimbalan nyaur patih//
  3. //Raden Patih harita keur ngiring munday / Ku sabab tunggu negri / Utusan enggal mangkat / Henteu kocap di jalan / Ka kapatihan geus nepi / Patih mariksa / Rek naon maneh Mantri//
  4. //Gubag geubig leumpang rurusuhan pisan / Rek naon maneh Mantri / Cedok nyembah unjukan / Nun sumuhun pariksa / Abdi ngemban dawuh Gusti / Nyaur Gamparan / Sareng kudu kairing//
  5. //Raden Patih nganggo-nganggo geus sadia / Harita enggeus indit / Henteu kocap di jalan / Catur bae geus dongkap / Kapayuneun Sri Bupati / Seg ngadeuheusan / Nyembah jeung hormat taklim//
  6. //Raden Arya Kuning teh lajeng ngandika / Eh kieu mamang patih / Anu mantak diogan / Sae awon manahan / Hatur lapor Buni Sakti / Rai Aria / Dihilir nangtang baris//
  7. //Enggeus terang kitu Aki caritana /Den Patih nganggres galih / Geus henteu bisa jawab / Upama kajadian / Raka rai perang tanding / Teu trang sababna / Saklangkung buta tuli//
  8. //Henteu panjang ditetek awal puwana / Lajeng ngawalon Patih / Teu aya pangandika / Hal wiwahara dina / Abdi teu sumeja ngiring / Karsa paduka / Tarung narungan rai//
  9. //Demi Allah abdi teu nagang karsa / Sumangga Gusti galih / Agung sihna hampura / Ieu hiji ibarat / Neukteuk curuk dina pingping / Awal ahirna / Teu bati teu ngajinis//
  10. //Tah sakitu emutan abdi Paduka / Teu langkung karsa Gusti / Dihanggep henteuna mah / Unjuk mamanawaan / Kitu deui gebal Gusti / Teu ngalangkungan / Seja namengkeun diri//
  11. //Sang Bupati mingkin ririh tambah nyengka / Cengkat pikiran edir / Tunggal papada jalma / Sarua anak bapa / Mustahil eleh ku adi / Nya geus mangsana / Urang lawan bae jurit//
  12. //Ayeuna mah Patih gancang mepek bala / Budi pati sala mantri / Raden Patih geus mangkat / Kapaseban titimbal / Mere tangkara jeung nitir / Bari sosoak / Eh batur para mantri//
  13. //Jalma-jalma nu deukeut nu anggang datang / Ngadenge tangkara titir / Nanya silih tatanya / Naon ieu teh beja / Ribut pahibut geus nepi / Jog ka paseban / Kasondong juragan patih//
  14. //Lajeng bae sadatangna wadya bala / Nimbalan abdi-abdi / Ulah aya nu tinggal / Sarta mawa pakakas / Tumbak pedang reujeung keris / Adat baheula / Poma masing tarampil//
  15. //Sabab isuk urang kudu budal perang / Ngaderek sa bupati / Sakumaha karsana / Poma mangka tiyatna / Ayeuna geura baralik / Nyokot pakarang / Bral indit masing-masing//
  16. //Tunda catur nu keur sadia pakarang / Sumusul timbalan deui / Sakabehna jalma / Karsa tacan laksana / Genah masih ngerik pikir / Kitu dawuhna / Kudu bedahkeun deui//
  17. //Hayu urang budal marawa pakakas / Tutugar pacul linggis / Henteu lila sadia / Kuring menak daratang / Bade ngiring Raden Patih / Bapa bedahan / Harita keneh indit//
  18. //Angkat ngulon ngaleut ngeungkeuy pababantay / Nu manggul nu ngajingjing / Parabotan pakakas / Baris ngabongkar natas / Kocap harita geus tepi / Kanu dimaksad / Enggal cukcek di kali//
  19. //Geus teu tata santana pagaliota / Pacampuh jeung kuring leutik / Migawe papadaan / Taya basa santana / Sami bareng kuring leutik / Waktu harita / Parosa-rosa abdi//
  20. //Catur heula Den Arya nu sundel manah / Sirik galih tacan ririh / Lajeng nyaur ka Kojal / Eh maneh Kojal leumpang / Neang batur nu keur nganti / Bawa ti Jampang / Di Sindang Rame tadi//
  21. //Aki Kojal cul nyembah pamitan leumpang / Sindang Rame nu di ungsi / Teu kocap di jalanna / Ka Sindang enggeus datang / Rame jalma abdi-abdi / Datang ki Kojal / Kuma kersana Gusti//
  22. //Gancang Kojal ka sakabeh titimbal / Ngemban dawuhna Gusti / Gancang kudu barudal / Di saur aya karsa / Ku kami kudu kairing / Ayeuna pisan / Ulah aya nu kari//
  23. //Henteu lila wadya bala kabeh budal / Ti Sindang Rame indit / Bareng Aki Kojal / Teu kocap dijalan / Catur cunduk enggeus nepi / Ka Cinarakal / Kasendong Den Arya linggih//
  24. //Kaleresan dina tanah Cinarakas / Mana nelah ka kiwari / Asalna raras manah / Ngan anak lalampahan / Bari nganti abdi-abdi / Harita datang / Ti dinya lajeng ngalih//
  25. //Kabeneran dina eta tempat lenggah / Ti beh kidul katingali / Jalma kuring jeung menak / Malah jeung papatihna / Nu digawe anu cicing / Eta maksudna / Lengkong rek dibedah deui//
  26. //Lisan basa Den Arya ti kaanggangan / Tapi katingal teu tebih / Geus nelah kaayeuna / Sukatingal buktina / Ningal jalma nu keur ngali / Natas ngabedah / Kalah butut moal jadi//
  27. //Mana nelah Cibutut gelar ayeuna / Eta asal tina wangsit / Wangsit Arya Kancana / Jeung aya deui basa / Cieunteung ayeuna muni / Asal purwana / Ditempat eta linggih//
  28. //Keur patingal jeung wadya bala rakana / Kaler kidul katingali / Tah ieu palinggihan / Cieunteung ngaran tempat / Malah nepi ka kiwari / Cieunteung nelah / Henteu kacatur deui//
  29. //Rek tugen wadia balana n u datang / Anu disaur tadi / Geus kumpul sadayana / Taya hiji nu tinggal / Sanghiang lajeng ngalahir / Ka sadayana / Pamaksud ieu aing//
  30. //Anu matak gagancangan kami ngogan / Keur bancang pakewuh kami / Tah nu jadi lantaran / Tuh nu ngawiwirang urang / Ku maneh meureun kaharti / Purwa asalna / Becik jadi buncelik//
  31. //Geus teu tahan kami nyandangan amarah / Teu sudi nyanding kanyeri / Lamun tacan kalah mati / Jurit dina kalangan / Nempuh dulur Arya Kuning / Nuwala cidra / Ka kami nganyenyeri//
  32. //Wadya bala nu ngiring nguping wewekas / Kaget matur para abdi / Aduh Gusti poma / Kitu manah ka raka / Atuh sakumaha teuing / Rama paduka / Tangtu bendu ka abdi//
  33. //Mugi ulah gamparan kalalajengan / ka raka nangtang jurit / Henteu sae pisan / Jadi gamparan sasar / Kasasar ku ngerik galih / Tiwas salira / Lara wirang enggeus yakin//
  34. //Mangga Gusti ulah kirangnya ngamanah / Titih heula sing lantip / Mapan paribasa / Kaduhung tara tiheula / Hanjakal sok ti pandeuri / Adat lumbrahna / Sami sakitu deui//
  35. //Sih hapunten kumawantun abdi conggah / Kana pangersa Gusti / Lain teu sumeja / Dumerek kana kersa / Sareh tadi rama weling / Ka sadayana / Jaga masing gumati//
  36. //Gumatining jadi kieu balukarna / Duh Gusti kuma teuing / Den Arya ngandika / Geus maneh montong panjang / Hayu sakabeh arindit//
  37. //Lajeng angkat Raden Arya jeung sadaya / Taya tinggal saliiji / Angkat maju ngetan / Ti Cieunteung geus anggang / Kana pendetan geus nepi / Tambakan anyar / Di dinya sami linggih//
  38. //Cag ditunda nu lenggah dina tambakan / Sakedap selang deui / Carita nu nugar / Kuring menak teu tahan / Cape sami pikir risi / Pakakas ruksak / Linggih kocap ngajebil//
  39. //Geus teu tahan pakakas tanaga beak / Teu kakaraeun teuing / Saakaltarekah / Enggeus henteu tumama / Tangtu aya nu ngawangsit / Kaluar basa / Dangiang nu ngadingding//
  40. //Geura tingal ka wetan kana tambakan / Wadya bala geus ngabaris / Tangtu den Aria / Jeung sarencang ti Jampang / Gancang urang ka Den Patih / Kudu uninga / Bilih teu katingali//
  41. //Hiji mantri tina pangbedahan angkat / Muru nyondong Den patih / Kapendak keur lenggah / Mariksakeun bejana / Hatur uninga sim abdi / Boh teu uninga / Gamparan kanu baris//
  42. //Keur panduga barisan putra di Jampang / Den Patih ingkah indit / Ka tempat pangbedahan / Bari ningal ka wetan / Katingal barisan sidik / Lajeng titimbal / Ka abdi para mantri//
  43. //Tunda bae pangbedahan urang mulang / Geus montong diperduli / Eundeur sabaladna / Budal harita mangkat / Rusuh muru jero nagri / Kami salempang / Ras ka badami tadi//
  44. //Jeung pamenta poma ulah rek barobah / Ngantos pidawuh Gusti / Kami rek unjukan / Nguninga lampah urang / Ngabedahkeun teu ngajadi / Kaburu budal / Guligahan risi pikir//
  45. //Raden Patih enggal mangkat ngadeuheusan / Ngadeuheusan ka Gusti / Lampah teu lami dungkap / Geus aya di payunan / Unjuk sembah sareng talim / Lajeng ngandika / Eh kuma Mamang Patih//
  46. //Eunggeus bedah situ atawa teu acan / Kula teu meunang warti / Den Patih unjukan / Sumuhun pangandika / Mugi teu jadi panggalih / Hatur paduka / Kapangkon karsa Gusti//
  47. //Nugar situ abdi henteu kajadian / Ari nu jadi margi / Reaning wagelan / Abdi-abdi teu tahan / Munsuk kadua prakawis / Abdi geus ningal / Barisan tuang rai//
  48. //Abdi Gusti nyanggakeun sadaya-daya / Bade kumereb abdi / Ngiring kana karsa / Nuwun tigas dawuhan / Tidinya lajeng ngalahir / Teu libur mamang / Urang maju nan tang jurit//
  49. //Enggal bae ayeuna geura sadia / Rigid giring abdi-abdi / Parabot pakarangna / Ulah aya nu tinggal / Sakabeh mangka tarampil / Samemeh mangkat / Sigeg tunda tacan rapih//
  50. //Kocap heula nu keur nagang nangtang perang / Arya Kancana di hilir / Nu keur ngetab manah / Ngadago lawan datang / Pindah hanjat kana pasir / Dungkap ayeuna / Nelah Hanjatan yakin//
  51. //Ngidul Ngulon leresan dukuh unggahna / Sarencangna henteu kari / Nu candak ti Jampang / Kojal Kodal teu anggang / Palang dada senapati / Kojal jeung Kodal / Bareng natakeun baris//
  52. //Tatan-tatan ngadago musuhna datang / Tunda kacaturkeun deui / Wadya bala raka / Eta nu di nagara / Geder pahibut rek indit / Ka pangperangan / Harita enggeus indit//
  53. //Sang Bupatya jengkar sawaaya ba’lana / Lajeng bae ka hilir / Heurin usik jalma / Pakotrek pakarangna / Tumbak pedang tuya keris / Suduk jeung gobang / Kolewang reujeug tamsir//
  54. //Cunduk rawuh ka tempat pikeun barisan / Kukuh tukuh caringcing / Ti kulon ti wetan / Barisan urang Jampang / Dua tempat sami baris / Kulon jeung wetan / Raka Rai tarampil//
  55. //Sami maju ka medan kana kalangan / Pada natakeun baris / Ti kulon ti wetan / Jalma pasoak soak / Nangtang ngangsreg maju jurit / Geus henteu tata / Wetan kulon ngahiji//
  56. //Geus pakepruk pakarang pedang kolewang / Nu nusuk nu nakis keris / Nu tedas ngalawan / Nu teurak ngajaropak / Bala raka rada sisip / Rea nu modar / Getih lir cai milir//
  57. //Mana kocap tempat ranca nu harumpak / Mana tepi ka kivari / Ranca Beureum nelah / Mayakpak getih jalma / Urang Jampang mingkin wani / Ngadu pakarang / Aya nu silih binti//
  58. //Silih binti padupak reujeung baturna / Nu nonjok nu nampiling / Sarua wanina / Tacan aya nu kalah / Malah aya jalma hiji / Ngaran pun Kojal / Sisirig maju wani//
  59. //Baksa gada ayoh maju papatihna / Den Patih maju wani / Sarua bedasna / Taya hiji nu kalah / Jebot Kojal ditampiling / Jedak digada / Mingkin Kojal tambah wani//
  60. //Sigeg Patih Kojal keur perang tandingan / Kaselang sang bupati / Maju kana medan / Sosoak bari nangtung / Hayu maju perang tanding / Enggeus mangsana / Arek gada jeung adi//
  61. //Gepruk campuh geus pada adu hareupan / Raka rai perang tanding / Ngadu kabedasan / Pada silih ayonan / Silih balang silih banting / Taya nu kalah / Wanina pada wani//
  62. //Teu tumama kajayaan kabedasan / Ganti pada ngunus keris / Pakakas dilugas / Pada adu hareupan / Luncat Aki Buni Sakti / Megat ditengah / Ngomong sing emut Gusti//
  63. //Mingkin tambah ka Buni Sakti benduna / Hiling anggur mah nyingkir / Nyingkah taya pedah / Jor pindah kanu anggang / Buni Sakti nyingkir mikir / Ras karamana / Pisakumaha teuing//
  64. //Lajeng lumpat ka Jampang henteu pamitan / Lampah Aki leumpang gasik / Teu kacatur dijalan / Kocapkeun bae dongkap / Kapayunan sang Bupati / Lajeng mariksa / Rek naon maneh aki//
  65. //Unjuk sembah Buni Sakti ngawalonan / Sumuhun dawuh Gusti / Rehna para putra / Ana rung kala baya / Prang tanding raka rai / Langkung cucuhna / Nuwun pang dangdang Gusti//

PUPUH VI
DANGDANGGULA

  1. //Sangyang Prabu ngalahir jeung manis / Henteu panjang putra dirfianahan / Lajeng ngadawuhan bae / Den Kampuh Jaya saur / Henteu lami nu disaur sumping / Den Kampuh ngadeuheusan / Geus aya dipayun / Sanghiang lajeng ngandika / Anu matak maneh diogan ku kami / Taya geusan percaya//
  2. //Rehna aya lampah Buni Sakti / Cacarita lampahna barudak / Ayeuna keur perang songkol / Geus teu beunang diharu / Dipisah ku Buni Sakti / Kalampah minang sraya / Aki menta tutur / Ayeuna urang wayahna / Sing hiyatna ka Panjalu kudu indit / Nyapih eta barudak//
  3. //Jeungna deui saenggeusna nyapih / Kudu nyaksi ka sawadya bala / Prakara tua anom / Poma ulah rek gugup / Tanya deui masingna titi / Asal purwa pasea / Awal mula gelut / Lamun geus terang asalna / Sala siji nu kalah pamenta kami / Kudu bawa ka Jampang//
  4. //Anu meunang di Panjalu cicing / Saha bae jadi gagantina / Anu neruskeun kaprabon / Tetep jadi Tumenggung / Kitu deui kuring-kuring leutik / Ti Jampang bawa mulang / Lah aya nu kantun / Wadya bala anu tinggal / Pamajikan tetepkeun ulah rek gindi / Ngaula kanu anyar//
  5. //Tah sakitu eta weling kami / Kabarudak nya ka Kampuh Jaya / Poma-poma ulah poho / Ayeuna mah geura jung / Bareng leumpang jeung Buni Sakti / Lajeng Den Kampuh Jaya / Nuwun idin Ratu / Cul nyembah bari ngunjungan / Lajeng pamit kadua ki Buni Sakti / Ti Jampang lajeng mangkat//
  6. //Bareng angkat jeung ki Buni Sakti / Turut jalan bari papariksa / Ku Buni Sakti dijereh / Teu aya nu kalarung / Purwa daksi raka jeung rai / Dungkap wekasanana / Taya nu kaliru / Den Kampuh Jaya miarsa / Caritana eta aki Buni Sakti / Mingkin angkatna gancang//
  7. //Raden Kampuh Jaya tambah gasik / Salir macan muru papanganan / Hayang beh tina hawatos / Kaduhung mun teu nyusul / Panasaran lamun balai / Bahal kinadah lampah / Luput nu dimaksud / Dua putra muga-muga / Kasampak walagri pada rapih-rapih / Ririh dina pangprangan//
  8. //Enggal kocap Kampuh Jaya sumping / Bade misah nyapih nu keur perang / K a Panjalu enggeus anjog / Anjog ka pinggir situ / Tuluy leumpang maju ka hilir / Di jalan sumoreang / Kakenca katuhu / Barina ngamanah manah / Pikeun nyapih misah nu keur perang tanding / Tanwande gagal baha//
  9. //Raden Kampuh Jaya nyaur deui / Ka ki Buni Sakti menta rempag / Urang buru tongtak bae / Buni Sakti ngawangsul / Leres kitu sim kuring ngiring / Enggalna Kampuh Jaya / Buni Sakti cunduk / Dungkap kakalangan perang / Masih nyampak engeus pada nyangking kiris / Kaburu ti Jampang datang//
  10. //Kampuh Jaya ningal giris miris / Ngejat luncat ka tengah ngahadang / Huwak haok ngetan nguion / Ka putra nu keur tarung / Raden Kampuh Jaya ngalahir / Gusti mangke eureunan / Poma masing emut / Sumangga gan nanggah heula / Barang ningal sidik Kampuh Jaya Sumping / Kaget sami nyondongan//
  11. //Dua putra enggeus sami linggih / Katiluna Raden Kampuh Jaya / Ki Buni Sakti ngagedig / Opatan patutungku / Para Putra risi panggalih / Ngetak ngamanah lampah / Kaduhung ku napsu / Bener omong paribasa / Nu kaduhung tara datang dipandeuri / Ayeuna katemahan//
  12. //Raden Kampuh Jaya pok ngalahir / Ka Den Arya Kancana raina / Den Arya Kuning saderek / Pun Paman nuwun malum / Mugi ulah jadi panggalih / Naros asal lantaran / Awit purwa rusuh / Jeung saderek mumusuhan / Mapan aya wasiat aki pamali / Mantak pajauh bagja//
  13. //Dua Putra walon sami isin / Lalampahan anu geus kasorang / Sadaya geus rumaos / Margi tina kalangsu / Sungkan wirang bijil ati dir / Dirangsang ku amarah / Bijil hawa napsu / Tah kitu awal mulana / Jisim kuring serah pati neda hurip / Teu langkung karsa rnamang//
  14. //Kampuh Jaya nyaur sarta manis / Sih hapunten salira gamparan / Runtut rentet jeung saderek / Rempug rukun sing lulus / Raka rai masingna rapih / Pituah para sepah / Ayeuna kasebut / Kadarat jadi selebak / Sauyunan kacai jadi saleuwi / Kitu pok-pokanana//
  15. //Sayaktosna pun paman dumugi / Kahareupan ngenban dawuh rama / Pun Paman gandar masakon / Numawi Paman cunduk / Dikersakeun jadi paripih / Nyapih nya anjeun pisan / Nya ayeuna cunduk / Baha teu baha dipaksa / Dipariksa pun Paman jadi wawakil / Bijil ngalih Panggonan//

PUPUH VII
M I J I L

  1. //Mangga agan sami ngalih linggih / Ulah dina jontor / Nusa leutik tuh bedah ti kaler / Saayana abdi kuring leutik / Sarta para mantri / Poma ulah kantun//
  2. //Wadya bala sadaya ngariring / Bade ngalih enggon / Hanteu lami budal pindah kabeh / Kana tempat nusa sireum sumping / Abdi kuring leutik / Tetebah pahibut//
  3. //Sadayana pra mantri lalinggih / Nu tua nu anom / Beres entep ngaderek parele / Teu paselang paselap nu calik / Mantri sami mantri / Pra sepuh ti payun//
  4. //Enggeus rintih rapih nu caralik / Den Kampuh wawartos / Ngawartaan ka sakabeh bae / Enggeus teu rek diwiji-wiji / Rek menta disaksi / Kudu rempug rukun//
  5. //Rehna kula diutus ku Gusti / Ti Jampang sangkantong / Tah ayeuna ku kula dijerek / Supayana mambrih jadi rapih / Raka sareng rai / Maksud runtut lulus//
  6. //Raden Kampuh Jaya pok ngalahir / Den Arya ditaros / Ieu saha anu kagungan the / Purwa asal nu gaduh milik / Raden Arya Kuning / Kuring anu gaduh//
  7. //Asal tadi kuring nampi milik / Ti rama sayaktos / Wasiatna nalika seseleh / Ditetepkeun jadi milik kuring / Jeung pangkat bupati / Lungguh di Panjalu//
  8. //Mapan bukti dungkap ka kiwari / Mangkon milik Lengkong / Tina kuring kumawani soteh / Lain pisan edir serik pikir / Julig ati dengki / Eta jeung pun dulur//
  9. //Kasigegkeun Den Aria Kuning / Jadina carios / Raden Arya Kancana digedeng / Raden Kampuh Jaya mariksa deui / Tuh tambakan hilir / Saha nu ngabendung//
  10. //Raden Arya Kancana ngalahir / Yasa kuring yaktos / Mula tadi nuju pikir supe / Kapanasan jeung kapikir gilig / Galagating diri / Jalaran takabur//
  11. //Geus rumaos lampah jisim kuring / Ngalanggar papangkon / Tah sakitu nu tadi direreh / Demi Allah teu rnunapek kuring / Sumawona dengki / Ngiring karsa sepuh//
  12. //Saur dua putra geus kaharti / Sadaya kahartos / Raden Kampuh Jaya nyaur bae / Ka Raka Raden Aria Kuning / Bilih kotok meuting / Paribasa sepuh//
  13. //Mangga geura pendet deui ti hilir / Kagungan geus kosong / Geus kasundul kasumbang anjeun the / Raden Arya Kuning seg ngalahir / Paman kajeun teuing / Simkuring teu sanggup//
  14. //Paman ontong panjang dipilahir / Geus kantenan kawon / Ayeuna mah kuma karsa bae / Sakarsa paman diiring / Den Kampuh weweling / Poma ulah bendu//
  15. //Sewu sukur kamanah ku Gusti / Nu sae nu awon / Jail dengki wantu jeung saderek / Kawajiban urang bela pati / Raka sareng rai / Lulus runtut rukun//
  16. //Raden Kampuh Jaya nyaur deui / mugi sing kahartos / Jeung liana saksi-saksi kabeh / Marga sabab ayeuna geus yakin / Rucita rerepih / Kula anu mutus//
  17. //Jempe repeh abdi-abdi nguping / Den Kampuh papagon / Papakemna nu meunang nu eleh / Lampah dua putra raka rai / Tadi rebut milik / Perkara di situ//
  18. //Mangga rungu ulah jadi galih / Paman darma pakon / Terang welan gamparan nu eleh / Nu digirang kasundul ti hilir / Pasti milik rai / Patut reujeung hukum//
  19. //Para Mantri sarta kuring leutik / Kudu pada ngartos / Tadi anu ku urang dijerek / Maneh tangtu eunggeus pada harti / Den Aria Kuning / Kalapuh ku situ//
  20. //Raden Arya Kancana nu nampi / Paduna teu kawon / Tigas tatas mutus geus parele / Raden Kampuh Jaya nyaur deui / Ka Aria Kuning / Rek Paman diutus//
  21. //Kieu dawuh tadi Rama Gusti / Ti Jampang Sang Kantong / Sala siji putra anu eleh / Kudu bawa pun Paman nu ngiring / Kitu dawuh Gusti / Karsana kulanun//
  22. //Anu meunang milik kudu cicing / Ngagentos bupatos / Kaayaan banda ka sakabeh / Salir barang pangeusi negri / Pasrahkeun sakali / Dawuhna kulanun//
  23. //Nganggres melas Den Aria Kuning / Lajengna ngawalon / Jisim kuring sumeja ngaderek / Karna karsa dawuh Rama Gusti / Sumeja dek ngiring / Ka Paman kulanun//
  24. //Moal mungpang baha jisim kuring / Ka karsa sang Katong / Geus rumaos jisim kuring eleh / Kamilikeun ka salira rai / Sanget sembah puji / Sukur ka Yang Agung//
  25. //Sigeg tunda Den Aria Kuning / Raina carios / Raden Arya Kancana nu anom / Mangga majeng ka payun bengalih / Pun Paman rek weling / Ngemban rama Prabu//
  26. //Reh ayeuna geus dihin pinasti / Karsa rama yaktos / Titis tulis salira anjeun the / Sinugrahan ngagentos bupati / Tetap mangkon negri / Dayeuh di Panjalu//
  27. //Jeung masrahkeun sapangeusi nagri / Sareng Situ Lengkong / Ka tiluna pusaka sing hade / Kudu riksa pariksa sing resik / Kaopatna deui / Dawuh Rama Prabu//
  28. //Para Mantri abdi kuring leutik / Kudu sapagodos / Runtut rukun mambrih jadi hade / Ulah kirang pepeling ka abdi / Saliring panggalih / Ulah pagalituk//

PUPUH VIII
M A G A T R U H

  1. //Nyelang heula sakedap gentos dicatur / Den Kampuh Jaya pek malik / Pok nyaur ka kabeh batur / Kami ngemban dawuh Gusti / Dawuh ti Jampang Sang Kantong//
  2. //Sakalian netepkeun gentos Tumenggung / Arya Kancana Bupati / Lungguh jeneng di Panjalu / Ngawulakeun abdi-abdi / Menak kuring tua anom//
  3. //Kami pasrah sakarsa ku maneh turut / Ulah pasalia pikir / Kumaula masing suhud / Regepkeun papatah kami / Ngadep saregep tawalo//
  4. //Tah sakitu teu panjang kami miwuruk / Simpen titip dina ati / Ditungkus dina jajantung / Urang kudu lantip budi / Diimankeun ulah poho//
  5. //Praponggawa abdi leutik nyusul hatur / Sarehna nampi weweling / Wuwulang sarewu nuwun / Pangasih ka diri abdi / Muga-muga ulah poho//
  6. //Puji sukur kumaula masing tutug / Teu genah kami rek pamit / Pamitan kami rek mundur / Ka Jampang geus lila teuing / Bilih Sanghiang ngabendon//
  7. //Lajeng hatur Kampuh Jaya ka sang Ratu / Pun Paman dek pamit balik / Bade muru Rama Prabu / Ka Jampang nuwunkeun idin / Tangtu Rama ngantos-ngantos//
  8. //Raka Rai harita masih ngariung / Kampuh Jaya Buni Sakti / Patutungku bari munjung / Raka rai sami nangis / Rai nyuuh kana pangkon//
  9. //Keur pamitan rakana bari sumegruk / Rai Kakang kuma teuing / Melangna mah liwat langkung / Gan pamugi-mugi Rai / Salamet ngemban ka prabon//
  10. //Sewu nuwun pidawuh Raka sakitu / Laksa keti abdi nampi / Menggah Raka bade kundur / Demi Allah ati abdi / Teu benten katilar maot//
  11. //Gan pamuga Rai nuhun lambat-lambut / Ngaulakeun abdi-abdi / Jadi Tumenggung Panjalu / Ulah supe siang wengi / Pandunga Raka diantos//
  12. //Raden Kampuh cengkat nyusul hatur / Ka Raden Aria Kuning / Ayeuna sumangga kundur / Ka Jampang ka rama Gusti / Tinggal ka prabon nu anom//

PUPUH IX
S I N O M

  1. //Den Kampuh Jaya pamitan / Pun Paman seja rek balik / Poma Putra singhiyatna / Geus nyepeng jadi bupati / Poma masing nastiti / Nyepeng dayeuh di Panjalu / Poma ulah lalawora / Ngageuingkeun abdi leutik / Tah sakitu piwulangna tuang rama//
  2. //Poma ulah pasanakan / Ka menak ka kuring leutik / Kudu rata pangadilan / Hukum agama pulisi / Ulah rek pilih kasih / Kudu adil ngahukum / Pon lamun kulawarga / Ulah rek dipilih-pilih / Nya nerapkeun hukuman masingna rata//
  3. //Rupa bahan patanahan / Kudu garap mambrih hasil / Nyaeta ku pepelakan / Nu aya pedahna hasil / Sadaya abdi-abdi / Ulah mumul nya wuwuruk / Saliring pepelakan / Abdi-abdi boga milik / Keur ngajaga bab ki payah kahirupan//
  4. //Jalan gawe jeung terusan / Pariksa miwarang mantri / Bisi aya karuksakan / Pikeun abdi wara-wiri / Jeung saliana deui / Bisi aya nu arurug / Tanah jalan jambatan / Urung-urung cukang awi / Bisi aya nu palid kabawa caah//
  5. //Tigas Bismilah rek mangkat / Sareng Den Aria Kuning / Geus lami ngemban dawuhan / Bilih bendu Rama Gusti / Arya Kancana ngalahir / Sumangga putra ngajurung / Sareng unjuk ka rama / Sembah pangabektos kuring / Ulah supe nyuwun sih hibar pandunga//
  6. //Den Kampuh Jaya bral mangkat / Sareng Den Aria Kuning / Mulih ngabujeng ka Jampang / Risi ningal nu diiring / Mesum jeung ngerik galih / Kawas anu pundung nguwur / Ngararas mamanahan / Ngawincik risining ati / Ngawawaas ngawawang benduna rama//
  7. //Nyaur Raden Kampuh Jaya / Ngawuruk Den Arya Kuning / Reh katingal sesemonna / Poma Putra masing lantip / Budi manis parangi / Boh marah aya kaduhung / Sing emut kani kadar / Titis tulis enggeus pasti / Kudu pasrah rilah nya ka nu kawasa//
  8. //Duh emang asrah ti Allah / Demi Allah diri kuring / Gan henteu wantun mendakan / Kapangkon rama simkuring / Pisakumahaeun teuing / Tanwande rama teh bendu / Rumaos kuring salah / Laku lampah waktu dingin / Tah sakitu nu jadi sumeblak manah//
  9. //Pingkalihna hatur maap /Pamit rek nyimpang simkuring / Rilah teu rilah rek maksa / Sanajan idin teu idin / Poma unjukeun kuring / Sewu nyanggakeun bebendu / Laksa jadi auduka / Saketi mugi katampi / Bebenduna sakarsa abdi rek nyangga//
  10. //Raden musna tampa krana / Nyalira taya nu ngiring / Angkat karo wawayangan / Manah tambah-tambah nyeri / Angen sedih prihatin / Dumadakan mendak lembur / Leresan Sukapura / Lajeng Raden milu mukim / Kasigegkeun lami-lami hapuputra//
  11. //Henteu panjang dipimanah / Ku Den Kampuh teu ditolih / Tapi ari manah melang / Sieun kabendon ku Gusti / Diwawar dina ati / Tangtuna Sang Prabu bendu / Nya moai dikumaha / Pancen ngaulakeun Gusti / Lajeng mangkat enggal ngabujeng ka Jampang//
  12. //Harita Den Kampuh Jaya / Sarta abdi kuring leutik / Ka Jampang sadaya datang / Lajeng dumeuheus ka Gusti / Unjuk sembah jeung talim / Ngesod mando sarta munjung / Munjukeun lalampahan / Sareh diutus ku Gusti / Ti Panjalu misah perang para putra//
  13. //Diunjukkeun sadayana / Dijereh taya nu kari / Awal dungkap ka wekasan / Asal benci jadi rapih / Putra Gusti lastari / Anu jeneng di Panjalu / Raden Arya Kancana / Ngagentos jeneng bupati / Sarta rempag-rempug rukun wadya bala//
  14. //Sareng piunjukna putra / Para mantri kuring leutik / Ngahaturkeun salam sembah / Lahir dumugi hing batin / Sareah pangkon Gusti / Kaduana Rabul Gapur / Hakna nu murbeng jagat / Nganti-nganti siang wengi / Henteu sanes pandungana Kangjeng Rama//
  15. //Sakitu piunjuk putra / Teu aya sanesna deui / Sareng menggah tuang putra / Rahaden Aria Kuning / Bareng mangkat jeung abdi / Waktu indit ti Panjalu / Nameng satengah jalan / Leresan Malangbong weling / Pokna Paman kaula moal ka Jampang//
  16. //Ari sababna kaula / Tina sakalangkung ajrih / Teu wantun mendakan rama / Tan wande bendu ka kuring / Enggalna lajeng amit / Hanteu kenging dililipur / Diwejang direrema / Maksa bae putra indit / Ti simpangan Malangbong ngojengkang musna//
  17. //Sigeg nu ngajengkang musna / Henteu dikocapkeun deui / Sanghiyang lajeng ngandika / Prakara Aria Kuning / Ontong panjang dipikir / Urang ngan darma ngagaduh / Kajaba urang pasrah / Pati urip ka Yang Widi / Pasrah lila dua anak kaslametan//
  18. //Taya geusan panasaran / Atawa sumelang ati / Gan aya oge pikiran / Mungguh ngaulakeun lahir / Ria risining ati / Melang kanu di Panjalu / Raden Arya Kancana / Jumeneng kana bupati / Supayana urang senang mamanahan//
  19. //Teu lian kamelang urang / Coba pikir masing lantip / Kieu maksud pakarepan / Ulah jadi sakit ati / Wayahna bela pati / Kudu pindah ka Panjalu / Taya geusan percaya / Jagarucita karisi / Sieun masih barudak gan pikirna//
  20. //Cul nyembah Den Kampuh Jaya / Leres pangandika Gusti / Abdi sumeja ngaula / Siang wengi karsa Gusti / Kumureb satya ati / Kajawi dawuh Sang Prabu / Sanghiyang seg ngandika / Katarima lahir batin / Kasatyaan kumaula Kampuh Jaya//
  21. //Seep geus taya hinggana / Hutang panarima kami / Tacan bisa nyambung dahari / Gan pangasih jero ati / Sugan baringsuk pagi / Kami bisa naur kaul / Sagala kacintaan / Masih jadi buah ati / Muga-muga di ahirna kalaksanan//
  22. //Gan ieu sahiji tanda / Hibah rek diganti nami / Supayana kasaksian / Ku sakabeh abdi-abdi / Sarta ponggawa mantri / Supaya papada ma’lum / Eta jeneng ayeuna / Nya Rahaden Guru Haji / Ibaratna kurnia bintang landian//
  23. //Unjuk sembah sadayana / Rempag pangandika Gusti / Nami Kampuh Jaya musna / Guru Haji anu bukti / Ngalandi geusan saksi / Landian anyar nu mashur / Guru Haji unjukan / Raos sakalangkung ajrih / Cedok nyembah nampi pasihan Paduka//
  24. //Disangga ku asta dada / Ditampi ku ati suci / Siang wengi moal hilap / Dianggep dipusti-pusti / Landian abdi tadi / Dipuja dipunjung-punjung / Diruat dirawatan / Ditampi pangasih Gusti / Pangandika mernah diembun-embunan//
  25. //Simkuring weling wakedap / Ka ahli pameget istri / Nya ieu babad turunan / Putra putu pangkon Gusti / Poma masing gumati / Nurut lampah nu karuhun / Mugina kalaksanan / Kumureb setya ka Gusti / Mapan bukti pasondong jeung mamanisna//

PUPUH X
DANGDANGGULA

  1. //Unjuk hatur Raden Guru Haji / Sarta talim lajeng bae ngaras / Kapangkon dampal Sang Kantong / Kulanun abdi munjuk / Nuwun jiad Paduka Gusti / Sadaya kalepatan / Mugi sih pamalum / Dihampunten kalepatan / Salir dosa anu ageung anu alit / Panduka ngahampura//
  2. //Hanteu sanes siang sarta wengi / Mung Paduka nu dipuja-puja / Nu jadi gumantung hate / Disangga dipupunjung / Tina harja adil binangkit / Ka abdi ponggawana / Pon ka putra putu / Teu aya pisan hinggana / Kasaean mungguh nyepeng abdi leutik / Piwejang pangasihna//
  3. //Geus kadangu hatur Guru Haji / Ku Sanghiang Prabu Boros Ngora / Geus dihampura sakabeh / Pamit Raden angkat jung / Jeung sadaya abdi nu rek ngiring / Sumawon kulawarga / Sadayana milu / Ngajajapkeun anu pindah / Wantu-wantu keur pamili cantik manis / Pisah mindah panggonan//
  4. //Catur lampah di jalanna deui / Kuring menak jadi saaleutan / Ngaleut ngpungkeuy nu ngaderek / Angkatna teu paseluk / Para menak campur jeung kuring / Sajalan sukan-sukan / Sowara ngaguruh / Para amtenar ngagakgak / Para abdi bawaning ku suka ati / Aya nu bobodoran//
  5. //Bungah manah Raden Guru Haji / Jeung garwana bareng para putra / Putu kaponakan kabeh / Tutunggangan kacatur / Warna rupa henteu diwincik / Aya nu tunggang kuda / Nu joli nu tandu / Aya nu jalan badarat / Para menak pameget sartana istri / Tandu grebong tunggangna//
  6. //Sigeg catur enggeus lami teuing / Nu di jalan henteu dicarita / Sanes pasal kacarios / Catur Raden Tumenggung / Mangun suka keur seneng galih / Raden Arya Kancana / Nu mangkon Sang Prabu / Teu lian wulang piwejang / Diimankeun wuruk Kampuh Jaya tadi / Dianggap salamina//
  7. //Sigeg heula catur nu rek sumping / Keur di jalan ngutus hiji jalma / Tiheula hatur carios / Nu diutus enggeus bui / Tuluy hatur sembah ka Gusti / Abdi awon pisembah / Rama bade rawuh / Moal lami oge dungkap / Raden Guru Haji kapayunan Gusti / Sareng sagarwa putra//
  8. //Bingah kaget sayagi nu sumping / Sang Bupatya enggalna titimbal / Pahurmatan jeung karasmen / Calung pantun jeung angklung / Tarawangsa reujeung karinding / Suling tarompet penca / Badingdang nu pungkur / Melas-melis tarompetna / Pikeun mapag ayeuna kudu arindit / Guru Haji ti Jampang//
  9. //Jeung tambahan tarebang birahi / Saayana kopak sarta genta / Kekeprak reujeung keleneng / Disambung umbul-umbul / Kanan kiri lir katumbiri / Banderana paselang / Ti kenca katuhu / Kocap nu mapag geus mangkat / Sarta muni tatabeuhan asa kaindit / Campuh bareng n u surak//
  10. //Henteu kocap di jalanna deui / Kacaturkeun harita patepang / Nu dipapag geus pasondong / Caturkeun bae maju / Enggeus dungkap kajero negri / Ear surak nu mapag / Campuh jeung tatamu / Sang Prabu kaget kaluar / Karsa mapag jebul Raden Guru Haji / Enggal lajeng dicandak//
  11. //Enggeus lenggah Raden Guru Haji / Kantun istri putra nu di luar / Mindo kaluar sang Katong / Nyumanggakeun tatamu / Para istri sumangga calik / Geus calik sadayana / Barengna Sang Prabu / Para mantri wadya bala / Di mandapa abdi-abdi kuring leutik / Hem pak sami ngeureunan//
  12. //Raden Guru Haji sembah talim / Lajeng ngaras kapangkon ngunjungan / Dirontok sarta dikaleng / Duaan patutungku / Henteu nyana Paman bade ngalih / Putra saklangkung bungah / Teu nyana sarambut / Bisa papendak jeung Paman / Bareng bibi para kadang anu ngiring / Puji Alhamdulilah//
  13. //Lajeng nyaur ka Ki Buni Sakti / Sarta rcncang nimbalan sadia / Sangu wedang masih tereh / Baris suguh tatamu / Henteu lami enggeus sayagi / Katuangan ngabarak / Wedang bareng sangu / Di padaleman di luar / Seg ngadawuh Sang Bupati kanu calik / Nyumanggakeun dalahar//
  14. //Nyelang matur Raden Guru Haji / Reh pun Paman diutus ku Rama / Ngintun salamna Sang Katong / Pingkalih kapiunjuk / Menggah lampah pun Paman dugi / Sartana sarimbitan / Dungkap ka Panjalu / Purwa daksi kersa Rama / Ka pun paman reh Rama sumeja ngalih / Pun Paman kedah pindah//
  15. //Anu mawi ayeuna dumugi / Kahareupan palenggah gamparan / Pun paman bade dumerek / Mukim mangkon Panjalu / Wekas Rama jeneng Papatih / Malah digentos ngaran / Pangasih Sang Prabu / Asal nami Kampuh Jaya / Karsa Rama digentos Den Guru Haji / Kitu pitungkas Rama//
  16. //Sang Bupatya ngalahir jeung manis / Ka Den Guru Haji ngawalonan / Rewu laksa langkung atoh / Tambah bungah kalangkung / Henteu aya hinggana deui / Pangasih kanugrahan / Gede manan gunung / Gunung soteh ibaratna / Jero ati hakna dipasihan Patih / Guru Haji buktina//
  17. //Para abdi nu ti Jampang masih / Di payunan sami unjuk sembah / Abdi nuwunkeun permios / Ayeuna bade mundur / Bade mulang geus lami teuing / Sang Prabu angandika / Sukur geura mundur / Jeung titip sembah ka Rama / Henteu lian ngahaturkeun sembah bakti / Sarta nuwun pandunga//
  18. //Tutas dawuh abdi-abdi indit / Sami mulang ngabujeng ka Jampang / Sigeg ayeuna carios / Nu kantun di Panjalu / Aya Rahaden Guru Haji papatih / Tacan ngalih panggenan / Masih di Kadatun / Lajeng miwarang tetebah / Para abdi harita paturon rapih / Samar nu anyar dungkap//

PUPUH XI
ASMARANDANA

  1. //Caturkeun heula nu balik / Wadya bala nu ti Jampang / Sakedap rek dicarios / Turut jalan caturan / Nyaturkeun lalampahan / Keur waktuna di Panjalu / Ningal rea kaanehan//
  2. //Resep resmi ningal cai / Muter ngubeng padaleman / Horeng kitu ari Lengkong /Kongas kacaturkeunana / Katatangga nu lian / Paingan mantak kayungyun / Ditingal ti kaanggangan//
  3. //Negri kaputer ku cai / Padaleman dina nusa / Lengkong ngawengku karaton / Katon ningal perhiasan / Santosa perjagahan / Pintu jalan cukang padung / Hurung tempat kapatihan//
  4. //Di jalan teu kocap deui / Ka Jampang harita dungkap / Lajeng ngadeuheusan bae / Kasondong Sanghiyang lenggah / Lajeng bae mariksa / Ka abdi nu ti Panjalu / Kuma beja lalampahan//
  5. //Cul nyembah abdi pra mantri / Unjuk hatur lalampahan / Boyong nu ngalih parantos / Henteu aya kakirangan / Tetep di kapatihan / Panggenan ujung winangun / Prabot tugenah sadaya//
  6. //Sanghiyang lajeng ngalahir / Puji sukur ka sadaya / Sigeg nu pindah parele / Taya genah panasaran / Henteu sumelang manah / Gan pamuga lulus mulus / Mulya badan sampurna//
  7. //Sigeg abdi para mantri / Harita sami bubaran / Didawuhan ku Sang Katong / Saimahna- saimahna / Budal tipadaleman / Sigeg di Jampang manggung / Panjalu putra carita//
  8. //Den Arya nyepeng bupati / Guru Haji papatihna / Lami nyepengan bupatos / Carios rea putrana / Sarta dunya baranah / Meh ampir henteu kaitung / Tina kareaan dunya//
  9. //Kocap para putra tadi / Taya pisan nu tumandar / Kana lampah anu sae / Marga karuat ku dunya / Teu aya nu beriman / Kaliputan ku pangyuyu / Lepat manah kahurmatan//
  10. //Rama gan sedih prihatin / Ningal lampah para putra / Taya nu salim nu saleh / Teu lian micara barang / Anu jadi rebutan / Turta aing masih ujud / Angot mun aing geus ajal//
  11. //Taya geusan seneng ati / Rea uang sugih barang / Bingbang manten nyeri hate / Tetela jadi mamala / Mahalana laksana / Diri sanubari guyur / Ngawangwang lampah barudak//
  12. //Gan poma baringsuk pagi / Tah aing hibat wasiat / Kaanak-anak sakabeh / Sumawonna ka nu Han / Dikadar kanugrahan / Ulah maksud hayang punjul / Sakadar sandang jeung pangan//
  13. //Ulah beunghar cara aing / Sabab enggeus katemahan / Di luhur enggeus dijereh / Henteu panjang dicarita / Tangtuna kalah papan / Patepung anu dicatur / Masih Den Arya Kancana//
  14. //Lami nyepengna Bupati / Sugemah di padaleman / Karaton di nusa Lengkong / Keur ngararas raras manah / Tina geus kasepahan / Nyepeng damel di Panjalu / Karsa sumeren ka Putra//
  15. //Lajeng ngutus nyaur patih / Harita utusan mangkat / Ka kapatihan geus anjok / Den Patih lajeng mariksa / Maneh rek naon beja / Hatur gamparan disaur / Ayeuna ka padaleman//
  16. //Raden Patih enggal indit / Ka padaleman geus dungkap / Lajeng ngadeuheusan bae / Kasondong Sang Prabu lenggah / Dideuheus para putra / Para garwa putra putu / Kempalan di padaleman//
  17. //Sang Prabu lajeng ngalahir / Patih nu matak diogan / Sarta barudak sakabeh / Kaula hibah ka Paman / Pasrah eta barudak / Sarta banda kaya urus / Sasesana ngula sara//
  18. //Lajeng kaduana deui / Anak anu panggedena / Nyaeta Sanghiang Teko / Nu nampa kabupatian / Jadi gegentos kula / Katelah Dalem Celanglung / Nampi panjenengan Rama//
  19. //Katilu Ama weweling / Upama dungkap di mangsa / Ulah ingkah sejen enggon / Nyieun kaluat kuburan / Nyaeta pamakaman / Beulah wetan aya dukuh / Munar astana di nusa//
  20. //Dumugi jaman kiwari / Gumelar dungkap ayeuna / Wujud sareatna yaktos / Tah pitutur tina babad / Sarta piwulang Rama / Ngagalur tina pitutur / Ngantian gentos Ramana//

PUPUH XII
K I N A N T I

  1. //Teu lami harita ngangluh / Lajeng wapat Sri Bupati / Ear garwa nu midamdam / Para putra anu nangis / Jebul Raden Patih dungkap / Titimbal kumpulkeun abdi//
  2. //Para sepuh geus karumpul / Para mantri geus sarumping / Wadya bala geus daratang / Para istri garwa mantri / Santana reujeung memenak / Panghulu ketib jeung modin//
  3. //Anu ngalayad Sang Ratu / Padaleman heurin usik / Pakepruk jalma di latar / Raracik baris paripih / Keur helaran ka astana / Upacara ngiring majid//
  4. //Dilebet pahibut guyur / Para Putra rebut milik / Teu ngarapeda nu wapat / Teu eling ka weling tadi / Karama waktuna hibat / Para putra teu merduli//
  5. //Wasiat anu kapungkur / Ayeuna kapanggih bukti / Dunya taya paendahna / Henteu mangpaat kadiri / Samalah hibat wasiat / Sang Prabu waktu ngalahir//
  6. //Sigeg putra nu keur guyur / Maid ulah lila teuing / Sadia pikeun ngulasan / Para ahli ketib modin / Lajeng nyiraman palastra / Dibawa ngalih ka bumi//
  7. //Parantos lajeng di bungkus / Sakuma adat talari / Lajeng maid di salatan / Saprantosna kana katil / Dicandak lajeng ka makam / Prantos ngurebkeun marulih//
  8. //Sinigeg nu wapat putus / Henteu dikocapkeun deui / Bagi waris pahajatan / Henteu kacarita deui / Adat biasa lumampah / Cag ecag nuturkeun deui//
  9. //Ari anu kapicatur / Pikeun gegentos bupati / Lulus nya putra nu calik / Raden Arya Kuning nami / Sabab keur jumeneng Rama / Geus hibat ka Raden Patih//
  10. //Kasebat Dalem Cilangkung / Mashur dungkap kakiwari / Mangkon panjenengan Rama / Sarta rempug abdi-abdi / Kuring menak wadya bala / Satya asih sugih mukti//
  11. //Mangkon Tumenggung Panjalu / Kacarios lami-lami / Geus kagungan dua putra / Jaler kalih sami pekik / Sami dedeg pangadegna / Santosa salira gilig//
  12. //Nami dua putra mashur / Rakana nu nomor hiji / Rahaden Dulang Kancana / Adi nomor dua nami / Raden Kadaliru kocap / Ungel babad anu yakin//
  13. //Sigeg Rama kapicatur / Lami nyepengna Bupati / Keur ngamanah salirana / Ngararas yuswa geus ahir / Karsa seseren Putra / Manawa pareng jeung tulis//
  14. //Lajeng bae Sang Prabu / Harita nyaur Den Patih / Utusan enggeus bral miang / Ka Den Patih enggeus nepi / Den Patih lajeng mariksa / Kuma dawuh Kangjeng Gusti//
  15. //Cul nyembah utusan matur / Gamparan kedali kairing / Disaur ka padaleman / Lajeng angkat Raden Patih / Kasondong Sang Prabu lenggah / Mendek nyembah sarta talim//
  16. //Hariring Sang Ratu nyaur / Ngalahir ka Raden Patih / Kieu nu matak diogan / Perelu urang badarni / Tina enggeus kakolotan / Dipenta rempagna Patih//
  17. //Kieu kula nya pamaksud / Masrahkeun jeneng Bupati / Nyaeta kadua anak / Sala siji anu jadi / Kitu kahayang kaula / Sarta rempug kuring leutik//
  18. //Raden Patih nyembah sujud / Ngiring dawuh karsa Gusti / Abdi dumerek ka karsa / Kitu deui abdi-abdi / Moal aya n u sulaya / Gagalna gang abdi-abdi//
  19. //Sukur Patih lamun kitu / Ayeuna geura badami / Jeung sakabeh wadya bala / Luar jero abdi-abdi / Jeung sadia karesmian / Karamean masing rapih//
  20. //Ngistrenan ngangkat Tumenggung / Pasti isuk poe Kemis / Den Patih nyembah unjukan / Pamit wangsul dek badami / Lajeng mangkat ka paseban / Ngutus nyaur para mantri//
  21. //Harita keneh burudul / Abdi-abdi para mantri / Den Patih lajeng titimbal / Isuk dina poe Kemis / Karsa pasrah ka jenengan / Sarta ngistrenan sakali//
  22. //Ayeuna geura mundur / Sadia pikeun raracik / Papaes pikeun ngistrenan / Papakean sing raresik / Kitu deui tatabeuhan / Ulah tinggal titalari//
  23. //Isuk dina pukul tujuh / Ulah elat sarta rapih / Bareng reujeung tatabeuhan / Gamelan tarompet suling / Bareng-bareng jeung badingdang / Tarawangsa jeung kacapi//
  24. //Tamat titimbalna rampung / Caturkeun isukna deui / Para ponggawa darongkap / Abdi para mantri sumping / Ngabarak dikapatihan / Ngantos dawuhan Den Patih//
  25. //Jebul Den Patih ngadawuh / Eh sakabeh para mantri / Saayana pra ponggawa / Hayu urang bareng indit / Harita bral bubar mapag / Sang Prabu kasondong linggih//
  26. //Cul nyembah Den Patih munjuk / Sih pangaksa gebal Gusti / Kumaha nu jadi karsa / Wireh parantos sayagi / Abdi-abdi praponggawa / Ngantos jengkar Srinarpati//
  27. //Lajeng ngadawuh Sang Prabu / Ka Den Guru Haji Patih / Sadiakeun tutunggangan / Jampana tandu jeung joli / Upacara banderana / Tatabeuhan kitu deui//
  28. //Kaluar Den Patih ngatur / Ngatur anu baris ngiring / Elaran tipadaleman / Harita geus rintih rapih / Jebul Sang Bupatya jengkar / Putra miwah garwa Gusti//
  29. //Ribut pahibut mangkat jung / Tatabeuhan kabeh inuni / Ear ngaguruh nu surak / Tina suka seneng ati / Sigeg teu panjang carita / Kakapatihan geus sumping//
  30. //Cunduk catur sami lungguh / Jaksa panghulu papatih / Para ponggawa santana / Para mantri kuring leutik / Jempe repeh tatabeuhan / Ngantosan dawuhan Gusti//
  31. //Hariring Sang Ratu nyaur / Geus henteu diwiji-wiji / Kanu kolot kanu ngora / Kulawargi kuring leutik / Kula menta disaksian / Masrahkeun jeneng bupati//
  32. //Tapi kieu nyapamaksud / Madak rempug abdi-abdi / Nya ieu bae ka anak / Raden Arya enggeus pasti / Kula pasrah ka sadaya / Teu diwincik hiji-hiji//
  33. //Prantos Sang Prabu ngadawuh / Ka sadaya kuring leutik / Unjuk sembah sadayana / Rempag sadawuhan Gusti / Henteu aya anu mumpang / Sujud sukur ka yang Widi//
  34. //Putus ngistrenan tumenggung / Jedur mariemna muni / Ger surak bareng tabeuhan / Pajemon asa kaindit / Harita lajeng bubaran / Ngaderek di pancaniti//
  35. //Sigeg ka karaton rawuh / Catur abdi anu ngiring / Ti padaleman bubaran / Ka tempatna masing- masing / Ngistrenan Putra palastra / Raden Kancana Bupati//
  36. //Rama tapakur di pungkur / Putra jumeneng bupati / Henteu lami kacarita / Rama ngangluh kenging sakit / Dumugi harita wapat / Teu yasa walagri deui//
  37. //Palastra Sang Prabu sepuh / Wapatna enggeus sasasih / Henteu panjang dicarita / Catur putra nu ngaganti / Sareng hiji saderekna / Rahaden Arya Kadali//
  38. //Jeung saderek runtut rukun / Runtut rentet sarni asih / Henteu sumulengkang manah / Raka rai langkung rapih / Kitu deui wadya bala / Abdi mantri kuring leutik//
  39. //Kakocap Raden Tumenggung / Keur panuji sugih mukti / Lajeng nyaur ka raina / Ka Raden Arya Kadali / Kieu paniatan kakang / Nyelehkeun jeneng bupati//
  40. //Cul nyembah barina sujud / Rai kana pangkon Gusti / Raka ulah kitu manah / Naon anu jadi galih / Atawa kasesah manah / Sumangga nanggel pun Rai//
  41. //Rakana enggal ngadawuh / Adi teu susah teu risi / Entong panjang dipikiran / Engkang geus dingin pinasti / Kudrat iradat kaula / Geus dipasti masing-masing//
  42. //Ari anu rek dimaksud / Kakang patilar jeung Rai / Rek pindah misah panggenan / Tuh lebah tempat Cibeunying / Ngiras pikeun pamakaman / Didinya geusan nya mukim//
  43. //Rai ngawalon jeung mesum / Langkung karsa Raka Gusti / Sang Prabu enggal nimbalan / Ngumpulkeun Ponggawa Mantri / Wadya bala sadayana / Jaksa panghulu papatih//
  44. //Harita utusan jebul / Jeung sadaya abdi-abdi / Praponggawa sadayana / Padaleman heurin usik / Sang Prabu kasondong lenggah / Geus calik di pancaniti//
  45. //Enggal ngadawuh Sang Prabu / Ka sadaya abdi-abdi / Kieu nu matak diogan / Dipenta rempug ku kami / Masrahkeun ka bupatian / Ka rai Raden Kadali//
  46. //Walon sadaya gumuruh / Sadayana abdi-abdi / Saprantosna lajeng ngaras / Nyanggakeun silaturahmi / Ka Sang Bupatya rakana / Nyuwun jiad berkah Gusti//
  47. //Sang Ratu sepuh ngadawuh / Geus taya hinggana deui / Tarima dunya aherat / Lahir tumeka hing batin / Pandunga ka salametan / Geus henteu diwiji-wiji//
  48. //Tutup catur rila mundur / Ngistrenan enggeus salesih / Pada sasami bubaran / Ka tempatna masing-masing / Sigeg rakana teu kocap / Catur nu jeneng bupati//
  49. //Lulus mulus Den Tumenggung /Taya bincara bincari / Satampina ti rakana / Harja negri tambah resik / Abdi-abdi suka manah / Kumaula satya asih//
  50. //Enggalkeun bae pitutur / Jumenengna enggeus lami / Enggeus kagunganeun putra / Pameget santosa pekik / Bangbang Sayogya salira / Cacalon kangge narpati//
  51. //Nami putra nu kasebut / Raden Marta Badadahin / Geus sedeng dedeg yuswana / Harita Srinarapati / Keur ngamanah salirana / Mucung barina weweling//

PUPUH XIII
P U C U N G

  1. //Bapa pucung ka putrana lajeng nyaur / Putra ngadeuheusan / Ramana lenggah ngagedeng / Sang Bupatya ngadawuh hibat ka putra//
  2. //Paniatan Ama manawi dikabul / Sarta karempugan / Kukuring-kuring sakabeh / Rek nyelehkeun masrahkeun ka bupatian//
  3. //Keur pamuga ujang kudu bae sanggup / Nampa kajenengan / Poma-poma kudu daek / Sabab Ama geus teu kaduga lumampah//
  4. //Putra calon ka ramana lajeng matur / Gusti langkung karsa / Abdi sumeja dumerek / Siang wengi kumureb karsa panduka//
  5. //Puji sukur ujang ari enggeus sanggup / Ama rek bebeja / Jeung para ponggawa kabeh / Kulawarga kuring menak saayana//
  6. //Sigeg putra Sang Bupatya lajeng ngutus / Sahiji ponggawa / Raden Patih masing tereh / Ki utusan harita enggeus bral mangkat//
  7. Ki utusan ka kapatihan geus cunduk / Den Patih mariksa / Maneh aya naon gawe / Ngemban dawuh atawa karep sorangan//
  8. //Nun sumuhun parios abdi diutus / Disaur gamparan / Ku abdi kudu kaderek / Gusak-gasik Raden Patih ngadeuheusan//
  9. //Henteu kocap dijalan catur geus cunduk / Kasondong keur lenggah / Lajeng ngadeuheusan bae / Hurmat talim tungkul mando dipayunan//
  10. //Sang Bupatya ka patih lajeng ngadawuh / Numatak diogan / Perluna niat kula the / Rek masrahkeun nyelehkeun kabupatian//
  11. //Anu baris diangkat kana Tumenggung / Raden Marta Baya / Poma mangka rempug kabeh / Niat kula poe isuk papasrahan//
  12. //Mangsa barang adat talari kapungkur / Pakeun kahurmatan / Masing rame kaparele / Tigas dawuh Den Patih lajeng kaluar//
  13. //Gusak-gasik Raden Patih enggal wangsul / Lajengna titimbal / Ka para mantri sakabeh / Sanggeus kumpul lajeng ngembankeun dawuhan//
  14. //Reh kaula ngemban dawuhan Sang Prabu / Karsa Sang Bupatya / Ka putra bade seseleh / Poe isuk papasrahan jeung ngistrenan//
  15. //Wadya bala ponggawa kudu karumpul / Sarta tatabeuhan / Pamenta ulah talangke / Jam dalapan isuk sadaya sadia//
  16. //Tutas dawuh sadayana amit mundur / Harita bubaran / Sakedap rek make-make / Jeung sadia raracik keur karamean//
  17. //Tina perjanjian harita geus kumpul / Tetebah geus tutas / Kantun mapag Sang Bupatos / Lajeng mangkat sadaya ka padaleman//
  18. //Raden Patih ngadeuheusan ka Sang Prabu / Reh prantos sadia / Abdi ponggawa sakabeh / Sang Bupatya ka patih lajeng ngandika//
  19. //Sadiakeun joli jampana jeung tandu / Pacara bandera / Tatabeuhan kelewer rontek / Matur Patih prantos taya kakirangan//
  20. //Sang Bupatya ti padaleman geus lungsur / Sarta putra garwa / Den Marta Baya panganten / Nu ngagentos nampi panjenengan rama//
  21. //Lajeng jengkar nitih jampana jeung tandu / Seperti helaran / Bandera kelewer rontek / Tatabeuhan ear ti hareup ti tukang//
  22. //Enggal catur kapajemon enggeus sumping / Lajeng sami lenggah / Abdi ponggawa ngaderek / Pra santana sepuh anom sadya lenggah//
  23. //Jempe repeh hariring Sang Prabu nyaur / Eh abdi sadaya / Sarta ponggawa sakabeh / Ka sadaya kami menta disaksian//
  24. //Maksud kami ayeuna rempug teu rempug / Dipenta rempugna / Ka jenengan kami seleh / Nya ka ieu anak Raden Marta Baya//
  25. //Sadayana abdi-abdi walon nuhun / Rempag sadayana / Teu sanes abdi ngaderek / Kitu deui ka putra sadya ngaula//
  26. //Sanggeus tutug putus ngistrenan panghulu / Lajeng maca dunga / Pra ponggawa hamin kabeh / Muga-muga raharja kasalametan//
  27. //Raden Patih ngesod nyembah amit mundur / Ka rama ka putra / Tidinya bral munjung kabeh / Saprantosna bubaran kapadaleman//
  28. //Wadya bala bubar ngaderek Sang Prabu / Saprantosna dungkap / Mundur wadya bala kabeh / Pada mulang satempatna saimahna//
  29. //Sigeg tunda Den Marta Baya Tumenggung / Kacatur ramana / Ngangluh sabada seseleh / Lajeng wapat palastra henteu dikocap//
  30. //Lajeng catur Den Marta Baya Tumenggung / Geus kagungan putra / Santana salira kasep / Panjenengan Raden Arya Nati Baya//
  31. //Geus diangkat jumeneng jadi Tumenggung / Ngagentos ramana / Sang Prabu sepuh nu lereh / Henteu lami rama lajeng bae wapat//
  32. //Kacarios Den Tumenggung anu nanjung / Geus kagungan putra / Dua sami pangguh kasep / Nu kasebat rakana Dalem Sumalah//
  33. //Panjenengan raina anu kamashur / Arya Sacanata / Runtut rentet jeung saderek / Sami dedeg cacalon kabupatian//
  34. //Sigeg putra kacatur Sang Prabu sepuh / Tina enggeus sepah / Karsana bade sumeleh / Ka putrana nu nami Dalem Sumalah//
  35. //Lajeng bae Sang Prabu karsa berhimpun / Jeung para ponggawa / Sarta wadya bala kabeh / Waktu eta geus pepek sawadya bala//
  36. //Sang Bupatya putra garwa sami lungguh / Di medan kalangan / Lajengna ngadawuh bae / Kasadaya praponggawa saayana//
  37. //Anu matak maneh ayeuna disaur / Manawana rempag / Pasti ayeuna seseren / Ka jenengan ka anak Dalem Sumalah//
  38. //Abdi-abdi sadaya ngawalon rempug / Sakarsa Panduka / Abdi sumeja ngaderek / Ngaselakeun ka jeneng Putra Panduka//
  39. //Putus dawuh sadayana sami mundur / Paragat bubaran / Ponggawa abdi sakabeh / Masing-masing pada mulang ka imahna//
  40. //Kacarios henteu lami Dalem sepuh / Ngangluh lajeng wapat / Nu wapat sinigeg bae / Enggal catur Den Tumenggung nu gumelar//
  41. //Henteu lami jumenengna Den Tumenggung / Ngangluh lajeng wapat / Tilu tahun lamina the / Lajeng bae digentos ku saderekna//
  42. //Nilar putra dua masih keneh lembut / Sinigegkeun putra / Catur gentosna bupatos / Raden Arya Sacanata saderekna//
  43. //Enggeus lami Den Arya jeneng tumenggung / Kocap deui putra / Yuswa dedegna geus sampe / Pigentoseun Raden Arya Sacanata//
  44. //Raden Wira Baya Putra anu marhum / Nya Dalem Sumalah / Diselangan ku saderek / Lami-lami Raden Arya Sacanata//
  45. //Karsa lereh masrahkeun jeneng tumenggung / Ka eta alona / Raden Wira Baya anom / Geus ditampi ku putra kabupatian//
  46. //Sinigegkeun Den Wira Baya Tumenggung / Kocap Kangjeng Paman / Tina saprantos seseleh / Lajeng pamit bral jengkar ka patapaan//
  47. //Ganda Kerta tempatna dianggo lungguh / Sigeg teu di kocap / Nilar Putra burey keneh / Eta Putra nami Raden Wira Dipa//
  48. //Sinigegkeun catur nu jeneng tumenggung / Geus kagungan putra / Salira dedeg tur kasep / Panjenengan nami Raden Wira Praja//
  49. //Kaleresan harita keur sami kumpul / Hempak dideuheusan / Ku para ponggawa kabeh / Enggal nyaur kami pasrah ka jenengan//
  50. //Tah nya anak ku kami dipenta rempug / Raden Wira Praja / Praponggawa walon kabeh / Kaulanun teu langkung karsa Panduka//
  51. //Saprantosna abdi-abdi lajeng munjung / Lajengna bubaran / Saimah-imahna bae / Sang Parabu jeung putra kapadaleman//
  52. //Sang Parabu sepuh lajeng bae pupus / Saadat biasa / Ulat sarat geus parele / Adat lumbrah anu wapat geus palastra//
  53. //Lulus mulus putra nu mangkon tumenggung / Raharja nungrahan / Sugih mukti jeung kamukten / Abdi-abdi suka manah kumaula//
  54. //Sigeg heula Den Tumenggung nu geus nanjung / Kaselag carita / Tunggal runtun eta keneh / Catur heula Den Wira Dipa puputra//
  55. //Nami putra ayeuna anu kasebat / Den Cakranagara / Murangkalih dedeg sampe / Pangguh timpuh sayagya pikeun bupatya//
  56. //Siang wengi murangkalih di kadatun / Wantu diri putra / Ku Kangjeng Paman dineneh / Dipiwulang lampah jalan kahadean//
  57. //Sigeg putra alona teu kapicatur / Kocap sang bupatya / Ngangluh lajeng wapat bae / Panjengan pegat katampi alona//

PUPUH XIV
MAGATRUH

  1. //Den Tumenggung Wira Praja anu pupus / Ayeuna enggeus lastari / Tadi hibarna kapungkur / Lamun geus tepi ka jangji / Nya kubur di Waru Doyong//
  2. //Henteu panjang sinigegkeun anu pupus / Catur nu jeneng bupati / Tina parempugna sepuh / Sarta abdi kuring leutik / Cakranagara gegentos//
  3. //Geus kamashur diangkat jadi tumenggung / Gilig parangi berbudi / Ampuh lungguh sarta suhud / Kuring leutik suka asih / Kumaulana tawalo//
  4. //Geus kagungan putra sahiji tur ampuh / Dedeg salira raspati / Parangi salira alus / Nami eta murangkalih / Cakranagara kapindo//
  5. //Tina lami rama geus kalangkung sepuh / Lajeng nyaur Raden Patih / Reujeung abdi para sepuh / Teu lila sami sarumping / Kapadaleman geus anjog//
  6. //Dalem Demang Cakranagara geus lungguh / Jeung putra dipancaniti / Dalem tidinya ngadawuh / Dipenta rempug ku kami / Nyelehkeun ieu kaprabon//
  7. //Nya ka anak Cakranagara nu mashur / Masrahkeun jeneng bupati / Hatur sadayana rempug / Henteu langkung karsa Gusti / Siang wengi abdi ngantos//
  8. //Tutas mutus harita ngangkat tumenggung / Abdi abdi suka ati / Lajeng sadayana munjung / Tigas munjung amit balik / Geus bubaran ti karaton//
  9. //Tetep lulus anu mangku di kadatun / Kacaturkeun lami-lami / Dalem Demang enggeus pupus / Mulasara geus salesik / Di pendem mundu kasohor//
  10. //Cag nu wapat catur putra anu mangku / Santosa gilig berbudi / Budi manis sarta lungguh / Mungguh nu jadi bupati / Patitis Sang Prabu anom//
  11. //Ngiring damel sakarsana langkung suhud / Pinter rajin jeung binangkit / Nuju dina kira waktu / Nampi laporna Ki Malim / Mas Warga Naya nu kahot//
  12. //Unjuk hatur sareh aya hiji maung / Ngahakan kuda jeung munding / Kaget Sang Bupati nyaur / Kumpulkeun sakabeh abdi / Nabeuh tanggara ku kemplong//
  13. //Aki Malim enggal ditimbalan nutur / Nitik lari dina pasir / Teu lila maung ditekuk / Saadat tali paranti / Diserep enggeus parantos//
  14. //Enggal bae harita ki Malim ngutus / Haturan maung geus yakin / Teu lami utusan cunduk / Dipariksa ku Den Patih / Hatuma maung kadodon//
  15. //Raden Patih unjuk hatur ka Sang Prabu / Reh nampi lapor ki Malim / Maung parantos ditekuk / Mugi enggal bae Gusti / Maung leresan dicanggong//
  16. //Den Tumenggung ka Patih enggal ngadawuh / Hayu buru urang indit / Jeung sakabeh batur-batur / Prabot pakarang sing rapih / Burang tumbak pedang golok//
  17. //Waktu eta Den Tumenggung enggal lungsur / Bareng kabeh abdi-abdi / Saperti nu rek ngalurug /Ningal pakarang ngabaris / Katempat leuweung geus anjog//
  18. //Tatan-tatan heula samemehna laju / Metakeun jalma nu baris / Diatur kenca katuhu / Nyangking tumbak nyoren keris / Masang burang geus parantos//
  19. //Anu baris tepung gelang geus kakemput / Ngantos dawuh sang Bupati / Teu lami harita jebul / Pasang tumbak nyangking bedil / Maung nimrung huarhaor//
  20. //Lajeng ngansreh maung nimrung dikurubut / Nubaris taowah gimir / Mingkin mundur anggur maju / Tahan ngadeku jeung baris / Ngaguruh jalma jeung kemplong//
  21. //Maung nimrung lumpat ka kaler ka kidul /Ngetan ngulon kitu deui / Rupa bingung sakalangkung / Lumpat ka lebah teweling / Ka burang maung geus kojor//
  22. //Ear surak kusabab maung geus rubuh / Praponggawa sami mulih / Ngaderek Dalem Tumenggung / Sadungkapna masing-masing / Sang Prabu geus ka karaton//
  23. //Kapicatur lampah damel Den Tumenggung / Sedya kumureb ka Gusti / Lajeng Sultan anu marhum / Sakalangkung tina asih / Asring caos ka Cirebon//
  24. //Rajin pintar kaojah Dalem Panjalu / Mamaca maos ngadangding / Nabeuh tarebang ngagemlung / Barina maca jajami / Nu nenjo kocap olohok//
  25. //Rikat pinter senenan di alun-alun / Medar kuda pasang takis / Bari ngagedengkeun musuh / Kuda dua sami tarik / Geprak bari ngadu sodor//
  26. //Tutas sapton lungsur tingkat ka kadatun / Ngadeuheusan Kangjeng Gusti / Taya sajam nu kalarung / Damel ari waktu peuting / Dikarsakeun baksa sador//
  27. //Warna rupa baksa gada kepeng susuduk / Parabot pedang keur nakis / Permaenan di kadaton / Saperti nu perang tanding / Para panangeran nongton//
  28. //Ampuh lucu baksana Raden Tumenggung / Dasar parangi berbudi / Alus timpuh sarta lungguh / Kangjeng sultan mingkin asih / Tina sumujudna yaktos//
  29. //Panganggona tara pamit enggal wangsul / Lamun tacan idin Gusti / Dua tilu bulan tangtu / Mantep saregeping budi / Lampah tara luas leos//
  30. //Tina asih Kangjeng Sultan sakalangkung / Pertanda asih teh bukti / Hiji istri tedah Ratu / Alona Ratu Dipati / Wasta Den Salengga Anom//
  31. //Salirana ampuh timpuh sarta lungguh / Cahya mubyar ngatumbiri / Bitis lir jaksi sajantung / Raray petak kadi sasih / Pasihan Sultan Cirebon//
  32. //Yakin putra Demang Gajipura sepuh / Kangjeng Sultan seg ngalahir / Ngadawuh ka Den Tumenggung / Sakalian kudu kawin / Lajengna nikah parantos//
  33. //Bade nikah idin pindah ka Panjalu / Kangjeng Sultan lajeng masih / Warisan barang nu alus / Sarta patukangan deui / Kamasan sadaya prabot//
  34. //Geus bral pindah Den Tumenggung ka Panjalu / Sarta bari nyandak istri / Cunduk catur ka Panjalu / Di jalan teu kocap deui / Caturkeun bae geus anjog//
  35. //Abdi-abdi rencang di dapur pahibut / Sayagi baris nu sumping / Katuangan wedang sekul / Saadat tali paranti / Ngahormat nu ti Cirebon//
  36. //Sigeg catur istri lami di Panjalu / Kadar wewerat katawis / Bulan hiji sampe tilu / Enggalna nyaur paraji / Diteangbobotna yaktos//
  37. //Sang Bupatya lajeng ngutus unjuk hatur / Kapayunan Kangjeng Gusti / Sareh putra di Panjalu / Wewerat geus tilu sasih / Sareng geus katawis bobot//
  38. /Kangjeng Sultan geus mireng nu ti Panjalu / Maca Alhamdulilahi / Sujud sukur ka Yang Agung / Muga dikadar lalaki / Nu bade gentos bupatos//
  39. //Nu nerus ku jeneng Tumenggung Panjalu / Panuhun sanggeusna lahir / Panuhun aing sakitu / Pikeun gaganti bupati / Dawuhna Sultan Cirebon//
  40. //Ngutus hiji mantri mangkat ka Panjalu / Mariksa yakin teu yakin / Enggal utusan mangkat jung / Ka Panjalu enggeus nepi / Ka padaleman geus anjok//
  41. //Lajeng bae ngadeuheusan ka Sang Prabu / Yaktos weweratna sidik / Teu sanes abdi sakitu / Nerangkeun wewerat rai / Marios parantos yaktos//
  42. //Menggah eta abdi dalem amit mundur / Bade unjukan ka Gusti / Mantri utusan geus undur / Ti Panjalu enggeus balik / Catur cunduk ka Cirebon//
  43. //Ki utusan unjuk hatur ka Sang Ratu / Yakin sidik Putra Gusti / Weweratna yaktos lulus / Lajeng bae Kangjeng Gusti / Puji sukur ka Yang Manon//
  44. //Sigeg catur ayeuna nu di Panjalu / Teu sanes sami mumuji / Panuhun muga dikabul / Muga sadawuhan Gusti / Dikadar hayang diyaktos//
  45. //Nu wewerat catur dungkap kana waktu / Bulanan babar geus pasti / Abdi ponggawa karumpul / Prantos sayagi paraji / Adat lumbrah kanu ngowo//
  46. //Henteu lami nu babar lahir geus lulus / Murangkalihna lalaki / Paneja rama dikabul / Nu babar enggeus lastari / Putra dibedong dipangkon//
  47. //Salirana kawantu tedaking ratu / Resik gilig murangkahh / Lajeng bae enggal ngutus / Unjukan ka Kangjeng Gusti / Reh Putra parantos ngowo//
  48. //Kangjeng Sultan ngadawuhna puji sukur / Muga Gusti Rabul Jalil / Maparinan panjang umur / Tepi kajadi bupati / Kitu paneja sayaktos//
  49. //Sigeg catur ayeuna nu di Panjalu / Anu eukeur suka galih / Siang wengi sami kumpul / Abdi-abdi kulawargi / Tutunggon bari mamaos//
  50. //Tina bingah siang bari nabeuh degung / Seleh gamelan kacapi / Pantun trawangsa teu undur / Tujuh poe tujuh peuting / Hempak kemit di kadaton//
  51. //Murangkalih namina anu kamashur / Sadaya sami nyakseni / Raden Barsalam kasebut / Trung sapirempagna Gusti / Kangjeng Sultan di Cirebon//
  52. //Titimangsa lahirna putra kacatur / Lumayan kangge pakeling / Tahun sewu tujuh ratus / Genep puluh lima deui / Waktu dibabarkeun yaktos//
  53. //Dina yuswa dua puluh opat tahun / Diangkat jeneng bupati / Tina rama enggeus sepuh / Sareng namina diganti / Den Cakranagara Anom//
  54. //Saprantosna jumeneng ramana pupus / Panggenan makam bawarna / Hibat wasiat kapungkur / Mun Ama tepi ka jangji / Di Ciater nu kasohor//
  55. //Kasigegkeun Rama Dalem anu pupus / Catur nu mangkon bupati / Lungguh ampuh sarta suhud / Suka manah senang galih / Nalika jeneng bupatos//
  56. //Tahun sewu dalapan ratus sapuluh / Malah aya punjul hiji / Kawit jumeneng tumenggung / Lamina nyepeng bupati / Tilu puluh tahun yaktos//
  57. //Kaleresan tahun sewu dlapan ratus / Salapan welas nu muni / Kenging putusan pansiun / Surat bisluit katampi / Diaos serat parantos//
  58. //Kapicatur Dalem pansiun Panjalu / Teu aya gentos bupati / Pindah ngaula ka Galuh / Panjalu ngajadi distrik / Awal mula dicarios//
  59. //Waktu dinggeun tanah Galuh jembar langkung / Kidul watas Kandang Wesi / Ngunung walahar Citanduy / Kalipucang Banjar deui / Harita masih kawengkon//
  60. //Leres tahun diluhur nu geus kasebut / Panjalu bareng Kawali / Kabawah asup ka Galuh / Kalipucang Kandang Wesi / Priangan anu ngawengkon//
  61. //Tiharita damel watesna Citanduy / Malah dungkap ka kiwari / Pitutur ayeuna wujud / Bukti gumelarna yakin / Medal catur nu nyarios//

PUPUH XV
M I J I L

  1. //Catur lami nyepengna pangasih / Pansiun bupatos / Tilu puluh tilu tahun yaktos / Tina satya kumereb ka Gusti / Sami pada ngasih / Pon miwah pangagung//
  2. //Keur nalika jumeneng bupati / Putrana carios / Jumlah aya pameget awewe / Dua welas anu lumahir / Nami teu diwincik / Namina pun dulur//
  3. //Sareng henteu sanes nu digalih / Kajawi wawartos / Siang wengi asrih kempel kabeh / Dipajemon padaleman tadi / Pala putra sumping / Diwejang diwurak//
  4. //Wuwulangna ujang sing gumati / Nyarekel pawagon / Papakeming anu laku gawe / Teu diwincik nu gede nu leutik / Masing ati-ati / Sumujud jeung suhud//
  5. //Kumaula masingna tarampil / Ulah nyolowedor / Adep idep saregep nya hate / Tata titi tindak diaji / Jinis modal pikir / Tatalining ratu//
  6. //Tumaninah tugenah nyapikir / Pikir masing godos / Kumaula senang seneng hate / Tetelakeun ka kuring leutik / Titih masing rapih / Maksud mambrih rukun//
  7. //Poma ujang regepkeun pakeling / Masing atos-atos / Ama titip cangreud dina hate / Tarekahan ku lampah nu manis / Niscaya anakking / Dipiasih ratu//
  8. //Tah sakitu ama nya weweling / Poma ulah poho / Jeung kaanak lalaki awewe / Henteu lian ama titip diri / Nu gede nu leutik / Kusabab geus sepuh//
  9. //Pala Putra ajrih sami nangis / Teuyasa ngawalon / Lajeng bubar pada mulih bae / Kabumina pada masing-masing / Dua murangkalih / Kantun di kadaton//
  10. //Kasigegkeun eta murangkalih / Ramana carios / Dina yuswa saratus tahun the / Sewu dlapan ratus lima puluh hiji / Teu antara lami / Ngangluh lajeng pupus//
  11. //Geus dumugi ajali pinanggih / Karsana Yang Manon / Henteu panjang nu wapat dijereh / Tempat makam panggenan Winarni / Dipendemna deukeut / Nusa lengkong mashur//
  12. //Tigas tatas karangan didangding / Babad Situ Lengkong / Awal mula pusaka dijereh / Sapamendak dititik ditulis / Teu lepat teu kari / Sapiwejang sepuh//
  13. //Sembah baktos abdi kumaconggih / Medarkeun carios / Malar maksad keur pangemut bae / Sih pangaksa nu sami ningali / Kadang kulawargi / Mugi nuwun ma’lum//
  14. //Rehing abdi jalma kirang harti / Sakalangkung bodo / Tata-titi tindak kitu keneh / Margi tina teu sakola tadi / Kapalanggrang diri / Ditilar ku sepuh//
  15. //Kulawargi teu aya nu nolih / Dulur sami ropoh / Rama wapat masih budak keneh / Tacan aya tarekah pribadi / Matang pasang giri / Tina kirang umur//
  16. //Nembe umur dua welas warsi / Harita sayaktos / Tacan seep masih genah hate / Lain tina gilig edir pikir / Rilah ka Yang Widi / Dibadan sakujur//
  17. //Nuju umur tilu puluh warsih / Lajeng mindo enggon / Lami-lami pun kuwu seseleh / Kaleresan abdi jadi ganti / Pirempagna abdi / Sarengna pangagung//
  18. //Tahun sewu dlapan ratus leuwih / Tahun anu yaktos / Jeung sawidak dalapan nu nyande / Nyandang berkah salamet nya diri / Dumugi kiwari / Kadar ujud nangtung//
  19. //Ku etangan nyangking damel Gusti / Langkung tina paos / Tilu puluh dalapan teu geseh / Dumugi abdi nya nulis dangding / Babad nu didangding / Ieu kapiunjuk//
  20. //Titi mangsa tamat abdi nulis / Nuju pasaran pon / Kaleresan siang poe Senen / Sasih Juli ping sapuluh yakin / Salapan ratus muni / Sareng lima estu//
  21. //Nuju kaping opat welas muni / Desember sayaktos / Tahun sewu siapan ratus keneh / Kangjeng Srimaraja prantos masih / Sahiji medali / Tanda satya tuhu//
  22. //Sareng rumah tangga sim abdi / Desa nu kasohor / Di maparah lungguh kuwu keneh / Tawis Prajadinata pribadi / Sih pangaksa Gusti / Abdi kaulanun//

Kasambung ku para putra nu anom di dinya matuh.

TEMBANG XV
S I N O M

  1. //Konjuk Paduka bendara / Pinuji lenggah di Puri / Mangku rat di kawadanan / Mangkan kaharjaan distrik / Miwahna abdi-abdi / Wangkon tukebing Panjalu / Pang rungrung pangauban / Siang wengi gebal Gusti / Muga-mugana lajeng sapapaosna//
  2. //Mungelpung kasaning babad / Dikarang diracik dangding / Diserat didamel tembang / Nanging sakalangkung laip / Aksara raras deui / Dihari busuk balilu / Wantu sanes bujangga / Gan sanget gumantung ati / Tina maos titilar ka para putra//
  3. //Lain tina kumagungan / Atawi mambrih kapuji / Kuojah kana bujangga / Gan lumayan keur paripih / Ngaririh murangkalih / Tumutur ka putra putu / Nular rambat carita / Nyuprah ngalapis ngahiji / Ngaregepkeun carios jaman baheula//
  4. //Panuhun abdi Paduka / Teu sanes panyuprih hati Lian Gusti Maha Mulya / Lahirna sareat Gusti / Tina liring pangasih / Hibarna ka putra putu /
  5. Tumiba kaleksanan / Sinihan panuhun abdi / Tina margi tuna tangan kakolotan//
  6. //Sumangga Paduka ngasta / Saketi mugi katampi / Sahiji babad carita / Sadaya parantos salasih / Seep taya nu kari / Sapiwejang hibar sepuh / Sareng taya nu lepat / Yaktos sapamendak abdi / Munjuk sembah tawisna nu ngarang tembang//
  7. //Prantos kasebat di handap / Jajaran anu kawingking / Disebat sarta diserat / Nalagtag prantos ditulis / Taya sanesna nami / Sareng kapangkatan lungguh / Ku sadaya nu nyebat / Cungkul panjenengan aki / Patawisan panggenan desa Marenah//

@@@